Daftar Eusi Blog

wilujeng sumping
Simpan » Diposting oleh elang84 » 7/03/2011 »
permalink

7/03/2011
elang84
2 comments

Cara nga-BackUp Jalur Akses nu aya dina Handphone Symbian


Mantep sigana mah yeuh Ngopi... :y bari nyawang bèntang nu baranang ( dina tipi èta ogè, da ceudeum asli na mah :r ). Tacan aya laporan èta nu ngaranggo Opera Mini 6.1 Gratis tèh ?? Da ka Simkuring mah masih bageur eta Jalur Akses buntut 132 tèh... :)
jalur akses symbian

Hmmmm.... Nu matak ngajaga na ogè kedah tarapti, ulah dugi ka leungit Jalur Akses Sakti ieu mah :) kumaha baraya, gaduh Jalur Akses Sakti nu sanès?? Bagi-bagi atuh.. ;)
Simkuring badè masihan tips kanggo Ngajaga Jalur Akses (Access Point) supados teu leungit atanapi kahapus kanggo Handphone Symbian. Istilah na mah BackUp Access Point, biasa na ari hapè symbian mah sok di HardReset nu ngakibatkeun Data leungit, Jalur Akses ogè pastina kahapus sadayana. Tuh.. Pan lebar Jalur Akses Sakti nu ngabugbrug tèh laleungitan :(
Cara NgaBackUp na kieu:
- Sarat nu Utama na mah hape tos kaayaan di Hack Sangkan tiasa muka folder Private.
- Buka Aplikasi X-Plorena.
- tah, ieu nu penting na mah :z Copy atanapi Salin File cccccc00.cre nu aya di C:\Private\10202be9\persists\cccccc00.cre !!! Kumargi file cccccc00.cre ieu nu ngawakilan Sadaya jalur akses nu aya dina hapè urang.
jalur akses backup

Teras Simpen di tempat anu Aman, misalna dina Handapeun Kasur :r lah, poko na mah simpen cing tarapti èta file wèh, dina kartu Memori, mun tiasa dina atribut na cèntang sadayana. :o upami tos di backup kitu mah Hapè na di HardReset atanapi jalur akses ka hapus tèh, kantun mindahkeun file cccccc00.cre nu nembè ka tempat asalna C:\Private\10202be9\persists\cccccc00.cre :z .
Tah sakitu heula tips dina danget ayeuna. Mugia aya manfaat na.... :v


Reaksi:

2 komentar:

SeMut Said.
Mantap kang infonya
Elang84 Said.
@thank's kang SeMut , sekarang ga bakal kehilangan jalur akses lagi..
 
powered by blogger.com and maxwidth simple build 0.02 mobile template