Daftar Eusi Blog

Simpan » Diposting oleh elang84 » 9/23/2011 »
permalink

9/23/2011
elang84
No comments

[Mod Symbian] Masang 5 Aksara Sakaligus dina Handphone Symbian

Tos Lami teu ngaModif tampilan Symbian, riweuh ku nu mènta gratisan... :) padahal aya kènèh Opmin Gratisan kanggo XL, tapi simkuring badè nyimpen heula catetan kanggo ngaModif tampilan Hapè Symbian sangkan ngagaduhan tampilan Aksara langkung ti sarupi :z
Trik ieu kenging nyutat ti Blog na Kang Syahrul dina Judul [Hot Modding] Pasang Lima Fonts sekaligus di Symbianmu, didinya Gamblang dijelaskeun cara-cara masang Aksara dugi ka 5 Rupi Fonts. Cara na mah sami waè mung dina bahasa tur tahap-tahap na sakedik bènten sareng nu diAlaman ku Simkuring kinten-kinten kieu ari simkuring mah (nyesuaikeun sareng kaayaan dina Hapè, nu tos Masang Font Router LT + Font RouterMan).

1. Download & Install Fonts Preview , fungsi na kanggo ninggal Ngaran Asli Aksara.
2.Siapkeun sababaraha jinis Aksara (siapkeun wè 5 atw 6 rupi mah ) nu badè digunakeun, Simpen di E:\Data\Fonts\simpenan didieu.Sangkan teu beurat teuing + ngirangan resiko gagal total nu kedah Hard Reset, saè na masang Font Router LT + Font Router Man di memori external (E) sareng gunakeun Aksara-aksara nu ukuran na Alit (Low ) tiasa di pilari di Padumukan Kang Ihint.
3. Buka (Pasang heula kanu teu acan kantos Robih Aksara mah)Aplikasi FontRouterMan, teras Klik bagèan FontLocation, robah Eusi na janten E:\data\Fonts\*.* (bèntang titik bèntang ).
font routerman location
4. Salajengna Restart heula Hapè na.
5. Saparantos hurung deui, buka Aplikasi Fonts Preview na, catet Ngaran Aksara Standar Hapè baraya... ( mis nu Kuring mah : Sans MT 936_S60 ).
catet font original
Sakantenan catet ogè Ngaran Asli Aksara-aksara nu badè di Kombinasikeun na.
catet font kombinasi
6. Salajengna Download FontRouter.Zip ieu, teras Extract FontRouter.ini ka E:\Data\Fonts\Simpen didieu. Timpahkeun wè kana FontRouter.ini nu tos aya.
7. Edit Eusi tina FontRouter.ini (Nganggo X-Plore). Eusi na sapertos kieu :
.... Gulir kahandap dugi ka mendakan tulisan kieu :

; :
Sans MT UniT_HKSCS_S60=Nokia Sans S60
Taruh font asli hp dsini=*
Taruh font asli hp dsini@12=nama asli font kombi disini@10:A
Taruh font asli hp dsini@14=nama asli font kombi disinii@14AB
Taruh font asli hp dsini@15=nama asli font kombi disini@14AB

Jeung saterusna....
Robah tulisan Taruh font asli hp dsini ku Ngaran Aksara Standar hapè baraya.. (mis: Sans MT 936_S60),
Robah Tulisan-tulisan nama asli font kombi disini ku Ngaran-ngaran Fonts nu badè di Kombinasikeun, dina 5 atanapi 6 Aksara nu badè di Kombinasikeun èta bagi-bagi wè posisi na mah.. ( tinggal wè conto FontRouter.ini nu simkuring )
* Katerangan :
@18, @14 saparantos font Asli nunjukeun Tempat aksara èta tampil,
sakedik info ti Sumber:
14=Sub Title
16=Menu
18=Notes/Sms/Profile/2nd Option/ size font (small)
20=Softkey/option/Info/size font (med)
22=Size font (large)
24=Title/Opera Mini
Upami Angka ahir dina Aksara Kombinasi mangrupi Ukuran na, Mangga èta mah atur-atur wè kumaha salèra.. :)

Saupami tos Bèrès, cobian Restart Hapè baraya...
Hasilna sapertos kieu
fonts mod
Klik kanggo ninggal gambar jelas

Mudah-mudahan cara ieu tiasa ngagampilkeun kanggo Modifikasi Aksara Hapè baraya.. Tur Mugia Manfaat....


Reaksi:

0 komentar:

 
powered by blogger.com and maxwidth simple build 0.02 mobile template