permalink 7/31/2011 |
![]() ![]() |
Ngagunakeun Aplikasi [Peta] Nokia Maps sacara Offline

Ayeuna Simkuring badè nyobian nyatetkeun naon nu parantos kapendak dina perkawis Nokia Maps sacara Offline. Tujuan na sangkan tiasa ngagunakeun Peta ieu teu make nyambung ka Internet (Offline). Jadi teu kedah ngaluarkeun pulsa kanggo ningalian Peta :L Cara na gampil, kanggo ngawitan buka heula Nokia Maps na. Teras pariksa Versi nu di anggo dina hape na. (conto simkuring mah nganggo v.2.0) .
*Upami Maps / Peta na kantos dibuka, sacara otomatis bakal kajieun Folder cities\diskcache dina kartu Memori. Nu eusi na data-data dina Aplikasi Peta /Maps .
Ayeuna urang meryogikeun data-data file nu tos kumplit (nampilkeun peta). Data-data file eta tiasa di Download langsung di NOKIA MAPS. Pilih Versi sakumaha nu aya dina hape urang. Teras Download Peta mana nu diperyogikeun. ( mis: Indonesia ) ukuran file na lumayan ogè (21MB) :z


Buka Peta / Maps na, atur sangkan unggal dibuka teu Online (Go Online at Startup = No). Cobian buka atanapi Pilari tempat mis : Jatinangor.

Mugia catetan ieu aya manfaat na ogè kanggo baraya... :y
* Info Tsel : Kanggo ngadownload dina Opera Mini, cobian upami Pulsa nuju minim ( mis= Rp.50 ) teras sambung sareng jalur akses salian Telkomsel. ( 3data, indosatm2, internet . Jeung sajabana ) mudah-mudahan sanasib gratis na sareng simkuring :r :r
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
8 komentar:
@Ilham Zone , wah canggih juga kang... App apa tuh??
Posting Komentar