Daftar Eusi Blog

Simpan » Diposting oleh elang84 » 3/05/2011 »
permalink

3/05/2011
elang84
2 comments

Download Aplikasi Sunda_modding ( Ngarubah Bahasa Sunda di Handphone Symbian s60v3 )

Waktos Nunjukkeun tabuh 3:20, aduh... Keur meumeujeuhna raos ngarèngkol... :) tapi kaleresan nuju bagèan ngaronda... Hmmmm... Nya kapaksa tiris-tiris ogè saukur bisa gogolèran dina amparan kardus... Kopi geus tinggal dedek na... Udud ngan Dua batang deui... :( aduh,,, nasib...
Bari ngantosan bedug shubuh nu lumayan rada lami kènèh... Kutak-ketik dina Handphone sugan aya manfa'at,, lumayan keur bahan caritakeuneun ka budak...
si Jagur
hmmmm... Sakumaha anu tos di Tempokeun dina Ngarobih bahasa Handphone ku bahasa Sunda (Preview) Nyaèta Sunda modding, atanapi Aplikasi kanggo ngarobih bahasa Handphone kanu Bahasa Sunda...
sunda modding
Mangga Langsung waè kanu cara-cara masang na..
- Pastina Handphone Symbian parantos di Hack.
- Siapkeun Patch anu kedah diPasang di antawisna Patch C2Z.rmp
-Teras 3 rupi Patch nu tiasa Di Download Di Dieu.
- Saparantos sadayana Siap... Sareng Patch na Parantos di pasang nganggo Aplikasi RomPatcher+. Di Aplly teras di add to auto.
- Tah,, ayeuna bagèan anu utami na,,, Download Aplikasi Sundamodding na, teras pasang tilu aplikasi na sakaligus (tiasa nganggo Auto Installer )

Catetan: Handphone kedah di atur nganggo Bahasa Indonesia.
Supados kaluar Simbul-simbul atanapi karakter na, Robih Jenis Aksara Handphone, ku jenis font Shablon.ttf
:)

link saupami anu luhur teu tiasa di Download :
Download Aplikasi Sundamodding
Patch anu diperyogikeun


Manawi bahan katampi... Mugia Manfa'at...


Reaksi:

2 komentar:

Anonymous Said.
Kang abi te tiasa nga instal aplikasi modingna anu 3 tea..laporannana kie
komponen sudah terinstal kumha kang solusina ? Hp abi v3 f2
Elang84 Said.
@Anonim aduh hapunten.. Ieu mah husus kanggo e63, kanggo nu sanes mah kedah ngedit nyalira... File2 rxxx nu aya di z:/resources nganggo mobilehex..
 
powered by blogger.com and maxwidth simple build 0.02 mobile template