Daftar Eusi Blog

wilujeng sumping
Simpan » Diposting oleh elang84 » 10/10/2011 »
permalink

10/10/2011
elang84
No comments

LCG X-Plore Skins Pack v 1.51-v1.56 ( + bahasa Indo-Sunda )

Wilujeng wayah kieu baraya...!!! ;)
Baraya pangguna hapè Symbian pastina tos teu anèh deui kana Aplikasi nu hiji ieu mah, margi wajib Aplikasi ieu aya dina hapè symbian. LCG X-Plore, mangrupi aplikasi kanggo File explorer dina hapè symbian nu tos teu kedah di beunyeur bèas keun deui naon kaunggulan na. :z
Simkuring sanès badè update aplikasi na, saupami badè Update kana versi nu ayeuna (v 1.56) langsung waè ka LCG na Langsung, kalayan rincian layanan nu langkung kumplit. Atanapi nu tos di Download ku Simkuring, Versi 1.56 na Mangga nu Ieu.
Sangkan teu aya waktos ngantosan (3 detik) upami muka X-Plore baraya tiasa nga-crack sangkan aplikasi teu teras miwarang ngagaleuh full version na, cara nga-Crack na simkuring nyandak patokan ti Blog na kang Sedenx dina judul Cara Crack X-Plore via Hapè.
Ayeuna mah simkuring badè nyimpen heula Skin kanggo ngarobih tampilan aplikasi X-plore na, Mangrupi aplikasi nu eusi na Skin Pack LCG X-Plore (tiasa kanggo v 1.51 dugi ka v 1.56). Upami tos gaduh X-Plore, teras badè gentos tampilan icon na kantun pasang Aplikasi ieu, teras pilih salah sahiji skin nu badè digunakeun na (aya 18 skins).
skin pack xplore

Dina Skins ieu nu disayogikeun mung tilu bahasa ( nu sok biasa digunakeun ) nyaèta Bahasa Inggris, indonesia, sareng Sunda.
Nyanggakeun,,,,,
18 X-Plore Skins v151-v156
download x-plore skins pack


Skins sateuacan ditambihan Bahasa Indo-Sunda kenging nyutat ti Blog Kang Ahariadi.


Reaksi:

0 komentar:

 
powered by blogger.com and maxwidth simple build 0.02 mobile template