Tampilkan postingan dengan label Aplikasi. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Aplikasi. Tampilkan semua postingan
| share: 10/18/2011 |
elang84
No comments
|
Opera Mini 6.1 s60v3 free Telkomsel [masih aktif di jalur standar]
Sakedik Informasi kanggo pangguna satia Telkamprèt husus na nu nganggo Jalur Gratisan, dikawit tadi (14/10) kinten-kinten tabuh satu (tengah wengi) Jalur Gratisan sadayana Macèt Total ( co.id ) :( .
Sakitu pengumuman ti Simkuring... Wassalam... :p
Eits...!!! Gratisan na kumaha atuuuuh ayeunaaaaa???? :k :v :o
Wayahna cocok teu cocok ayeuna mah pakè heula Opera Mini Java Telkomsel Oktober 2011 nu kamari.
Bari ngantos Jalur ènggal ( mudah-mudahan aya ) kanggo Pangguna Symbian taya lepat na nyobian Salah sahiji koleksi OpMin sis 6.1 simkuring nu saleresna tos lami di simpen. Kumargi kamari mah aya Jalur sakti, janten nu di anggo OpSis nu nganggo jalur Sakti èta.
Tah, ayeuna mah tos waktos na kaluar meureun... :O Opera Mini 6.1 s60v3 nu Husus kanggo Gratisan Telkomsel. Kalayan di selipan skin Full Collor ti Bang Roy Symbianerz, pastina langkung mèncrang :L
Nyanggakeun....
Atanapi nu ieu...
* Sambungkeun nganggo Jalur Standar Telkomsel, saupami karaos lami dina pamasangan / ngawitan nyambung, pegatkeun heula sambungan internet atanapi kaluar heula dina aplikasi teras cobian deui...*
| share: 10/17/2011 |
elang84
No comments
|
Oupeng Browser s60v3 [Free Telkomsel Update Oktober 2011]
Berhubung si Kamprèt kudu waè makè jalur Standar, simkuring nyobi deui ngèdit Aplikasi Browser nu tos aya... Hiji deui yeuh kanggo Oupeng Browser na, masih Gratis di Jalur Standar Telkomsel.
Mangga Nyanggakeun...
Oupeng Browser 6.1 Clone
Skin Blue Sonic
Jalur Standar Telkomsel
Symbian s60v3
:s :s :s
| share: 10/10/2011 |
elang84
No comments
|
LCG X-Plore Skins Pack v 1.51-v1.56 ( + bahasa Indo-Sunda )
Baraya pangguna hapè Symbian pastina tos teu anèh deui kana Aplikasi nu hiji ieu mah, margi wajib Aplikasi ieu aya dina hapè symbian. LCG X-Plore, mangrupi aplikasi kanggo File explorer dina hapè symbian nu tos teu kedah di beunyeur bèas keun deui naon kaunggulan na. :z
Simkuring sanès badè update aplikasi na, saupami badè Update kana versi nu ayeuna (v 1.56) langsung waè ka LCG na Langsung, kalayan rincian layanan nu langkung kumplit. Atanapi nu tos di Download ku Simkuring, Versi 1.56 na Mangga nu Ieu.
Sangkan teu aya waktos ngantosan (3 detik) upami muka X-Plore baraya tiasa nga-crack sangkan aplikasi teu teras miwarang ngagaleuh full version na, cara nga-Crack na simkuring nyandak patokan ti Blog na kang Sedenx dina judul Cara Crack X-Plore via Hapè.
Ayeuna mah simkuring badè nyimpen heula Skin kanggo ngarobih tampilan aplikasi X-plore na, Mangrupi aplikasi nu eusi na Skin Pack LCG X-Plore (tiasa kanggo v 1.51 dugi ka v 1.56). Upami tos gaduh X-Plore, teras badè gentos tampilan icon na kantun pasang Aplikasi ieu, teras pilih salah sahiji skin nu badè digunakeun na (aya 18 skins).
Dina Skins ieu nu disayogikeun mung tilu bahasa ( nu sok biasa digunakeun ) nyaèta Bahasa Inggris, indonesia, sareng Sunda.
Nyanggakeun,,,,,
Skins sateuacan ditambihan Bahasa Indo-Sunda kenging nyutat ti Blog Kang Ahariadi.
Label:
Aplikasi,
Symbian (hacked)
| share: 10/08/2011 |
elang84
No comments
|
Opera Mini 6.1 [java] Bèda Rasa ( free Telkomsel - Oktober 2011 )
Bilih masih kènèh aya Baraya simkuring (husus na nu nganggo telkamprèt) nu masih tekor pulsa na lantaran resep internètan, kanggo sasih Oktober 2011 ieu simkuring aya sababaraha Opera Mini 6.1 (java) nu tiasa diAnggo internètan bari teu motong pulsa (Haratissss...!!! ;) ).
Saleresna nu Opera Mini Telkomsel edisi Agustus - September 2011 kamari ogè masih tiasa Haratis, tapi di sababaraha daèrah tos karaos ngarayap siga kuya :O , numawi èta Simkuring nyobi deui ngacak-ngacak Opmin 6.1 ieu nu mudah-mudahan tiasa langkung saè ti nu kamari...
Sambungan Jalur Akses na masih tiasa nganggo Jalur Standar bawaan Telkomsel ( teu kedah ngatur jalur ), tapi simkuring nyarankeun husus na kanggo Nokia Java s40 kedah ngagunakeun Jalur anyar. FileProv na tiasa di candak Di Palih Dieu.
Nyanggakeun Opera Mini 6.1 Kamprèt na...
* Aèh hilap.. Opera Mini ieu aya sababaraha warna pilihan :D Tiap Warna Ngagaduhan Rasa nu bèda !!! Dina Tiap Rasa Ngagaduhan Set Proxy nu bèda ogè. :z
Mangga DiPiliiiih.... Dipiliiihh... Dipiliiiiihh....!!!! :r :r :r
Bonus : Opera Mini 4.2 bahasa Sunda free Telkomsel dina rasa Durèn :)
Laporan atanapi patarosan mangga urang guar dina komentar.., ;)
| share: |
elang84
No comments
|
Ngatur Tampilan Jam Di Layar Awal Hapè Symbian
Sakedik gaduh catetan kanggo tampilan Jam di Layar Awal Handphone Symbian... Tangtosna Kanggo Aplikasi ieu mah tos papada uninga :v da tos Jadul siga na mah, tapi Upami urang tiasa ngolah na mah sanajan Jadul ogè tetep bakal ngarobah tampilan Home Screen Symbian urang katinggal mèncrang.. :L
Aplikasi nu badè di guar nyaèta Clock Top Autostart nu saleresna kantos ogè di bagikeun ku simkuring... Saupami teu acan, mangga Download heula Clock Top na nu ieu.
Mung cara ngarobih Skin atanapi gambar na mah teu acan. Padahal pituduh kanggo ngadamel skin tos aya di lebet aplikasi na. :z nu di peryogikeun kanggo ngadamel(ngèdit) Skin ieu teu seueur, mung peryogi MBMtool kanggo nga-Pack gambar na kana format .mbm :y (mbm tool tiasa di candak Didieu)
Cara ngarobah Gambar na:
- Saparantos MBMtool dipasang, aya folder python\mbmtool dina memori tempat MBMtool dipasang (meryogikeun app Python) nu dilebetna aya dua folder, img sareng mbm.
- Simpen file .mbm nu badè di èdit dina folder mbm.
- Teras buka App MBMtool na, pilih drive dimana folder Python\mbmtool aya. Teras gèsèr kanggo milih mbm. (aya nami file mbm nu disimpen nembè).
- Klik pilihan teras pilih Unpack. (antos sakedap )
- Upami tos rèngsè prosès unpack na, bakal aya Gambar dina folder img. Tah, gambar èta nu di robah (edit) , tiasa nganggo idesigner atanapi gambar nu tos aya. (ngaran file gambar teu kènging dirobah)
-Saparantos di Robah, buka deui MBMtool kanggo nga-Pack gambar nembè kana format MBM. Upami bèrès file mbm na aya dina folder mbm.
Salajeng na Ngatur posisi Jam na. :z
- Salin file mbm nu tos di èdit ka !:\system\Clocktop\skins (simpen didieu). Ngaran file samikeun sareng tadi (tiasa gentos asal ngaran file.ini ogè sami digentos )
- Salin ogè file.ini nu nami na sami sareng file mbm nu di èdit tadi. Ka !:\system\Clocktop\skins\ (simpen didieu)
- Edit file.ini nembè (nganggo X-plore ). Patokan na sapertos kieu :
Harti Angka dina Pangaturan skin (file.ini).- Cobi buka Aplikasi ClockTop na, pilih Setting kanggo milih Skin nu nembè di jieun, upami tos kapilih tur posisi na tos mernah, klik Back teras klik deui Aktivate teras Enable/restart. ( upami tampilan na masih acak-acakan, teras èdit file.ini dugi ka tampilan na Pas...!!!
A. Jam Digital (Nu Nampilkeun Jam ku Aksara dina hapè):
1. font
2. Posisi Jam dina mode standby
3. Ukuran gambar background
4. Posisi Angka
5. Ukuran Angka
6. Warna Angka
7. Ngaran Aksara
B. Jam Digital (Nampilkeun Jam ku Angka dina Gambar):
1. image
2. Posisi jam dina mode standby
3. Ukuran gambar background
4. Posisi angka
5. Ukuran digits
6. Ukuran separator (pamisah jam & menit)
C. Jam Analog :
1. analog
2. Posisi dina mode standby
3. Ukuran gambar background
4. Posisi tengah (as) jarum jam
5. Ukuran gedè leutik na Jarum jam
6. Ukuran panjang na Jarum jam
7. Warna Panunjuk Jam (RGB)
8. Warna Panunjuk Menit (RGB)
9. Warna Panunjuk Detik (RGB)
10. Warna Aksara keur tanggal jeung Poè (RGB)
11. Posisi Tanggal
12. Posisi Poè
13. Ukuran aksara (tanggal, poè)
Mugia aya Manfaatna....
Sok Kaluarkeun krèatifitas Salira...!!! Nu pastina bakal langkung hadè tibatan simkuring :z
:s :s :s
Langganan:
Postingan (Atom)
elang84