| share: 10/18/2011 |
elang84
No comments
|
Rupi-rupi Cara Pikeun Hack hapè Symbian
Mudah-mudahan sadayana tos ngartos naon ari Hack symbian tèh, kanggo naon ari hapè symbian di Hack? Nyaèta sangkan teu aya halangan sertifikat saupami masang aplikasi-aplikasi anu status na unsign( teu bersertifikat ). Upami tos di hack mah.. Aplikasi-aplikasi nu dipikahoyong langsung tiasa kapasang (asal app na support pikeun hapè na).
Cara na nga-Hack Rupi-rupi, kumargi ayeuna mah tos teu tiasa ngadamel Sertifikat/key ka panyadia sapertos OPDA cara hack nu kiwari di anggo nyaèta Cara-cara nu teu meryogikeun sertifikat.
Mangga, bilih aya nu Hapè symbian na teu acan di hack.. Tiasa nyobi cara-cara di handap ieu :
Hack Symbian tanpa sertifikat (tanpa app anivirus)
Hack Symbian DrWeb
Symbian Hack Without PC . Vivaz too.
Symbian Hack by Bebooo43
Symbia Hacked again : Norton Security
Mugia Catetan ieu aya manfaat na....!!!
| share: 9/16/2011 |
elang84
9 comments
|
Cara Anyar Hack Symbian nganggo DrWeb AV ( tanpa Flashing tanpa Sertifikat )
Cara ieu gampang-gampang susah.. Gampang na sapertos Cara Hack Symbian Tanpa Sertifikat, sakedik rada sesah na kedah ngangunakeun Komputer atanapi nyuhunkeun bantosan hapè symbian sanès nu tos status Hacked kanggo Nyimpen file-file utami dina cara ieu, ka Folder Private nu aya dina kartu Memori(external) hapè nu badè di Hack na.
Kieu salengkepna mah nu ku Simkuring di Cutat ti Symbian-Coderus
All greetings say to IAL from DimonVideo
1. Connect phone with PC, or memory card to cardreader, or
memory card to other non-nokia device (need access to
private folder)
-. If you will use E memory (mass storage, or memory card in
devices without mass storage memory) download QuarantineDriversLDD.zip
-. If you will use F memory (memory card in devices with mass storage memory) download QuarantineF.zip
2. Unpack archive to choosen memory.
3. Download and install DrWeb6 for symbian
4. Launch DrWeb.
5. Go to Options - Quarantine
6. Go Options - Select all
7. Go Options - Restore
-. RomPacther drivers now in c:\sys\bin folder
8. Download and install RomPacther+ 3.1 Lite
9. Launch RomPatcher+ and apply Open4all patch
-. Now you have access to write in all system folders
-. If need you can apply installserver patch, or found in web
installserver.exe (installserver needs for installing all
applications without any certificate restrictions). For S^3
use my instalslerver .
Upami di hartoskeun kana bahasa Sunda mah Sedih :( ... Sedih na da teu ngartos atuh :r
Candak inti na wè sakumaha nu parantos ku Simkuring di Praktekkeun dina nokia E5.
Download heula Paralatan nu diperyogikeun na..
- QuarantineDriversLDD.zip
- DrWeb6 for Symbian
- RomPatcherPlus 3.1 Lite
Cara na:
1. Lebet keun kartu Memory (external) hapè kana PC nganggo CardReader (kumargi da seuseueur na mah mung drive E janten nu di pedar ku Simkuring mah nu kanggo di Drive E hungkul wè..) atanapi nganggo Hape Symbian nu sanès nu parantos ka Hack tur RomPatcher+ sareng folder Patches na ka instal atanapi aya na dina memori hapè(internal)
-.Extract folder 20024113 katut sadaya eusina nu aya dina folder Private dilebet QuarantineDriversLDD.zip nu di download nembè ka Folder Private Kartu Memori Hapè nu badè di Hack tèa.
2. Saparantos Prosès èta bèrès, Lebetkeun deui wè Kartu Memori nembè kana Hapè nu badè di Hack na. - Ngopi heula wèh... Mun aya mah sareng 234 na :r
3. Pasang Aplikasi drweb-600-symbian-s60.sis na, teras Buka (upami kedah registrasi atanapi naon, cancel wè..)
-.Klik Pilihan > Quarantine. ( Upami Proses nomer 1 na Leres, bakal aya 3 File nu di Karantina sapertos gambar
-.Klik deui Pilihan > Restore
-.Dugi kadinya DrWeb na tiasa di tutup.
4. Pasang Aplikasi RomPatcherPlus 3.1 Lite na, teras Buka.
-.Apply Open4All.rmp na, upami tanda na di cèntang hèjo berarti Hapè tos Sukses ka Hack..!!!(tiasa muka folder Private atanapi Sys) :L
Salajeng na mah kantun Nyimpen file Installserver.exe nu cocok kanggo Hapè na di C:\Sys\Bin\simpen didieu. Kanggo InstalServer.exe na, mangga tiasa dicandak Di Dieu.
Upami tos dipelakan instalserver.exe mah Aplikasi nu Unsign ogè langsung melebes, moal aya hahalang sertifikat. RomPatcher+ Lite tiasa di gentos Ku RomPatcherPlus 3.1 Full version.
Mugia catetan ieu aya manfaat na....
| share: 7/13/2011 |
elang84
12 comments
|
Cara Hack Handphone Symbian Tanpa Sertifikat
- Buka Aplikasi X-Plore na.
- Jieun Folder Anyar dina Memory kartu (E), pasihan nami bebas, conto : Hack- Jieun deui folder di jero folder Hack eta, namian .sys (nganggo titik di payun), sakalian jieun deui folder anyar di jero folder .Sys nembè namian Bin - Extract hiji File instalserver.exe ka jero folder Bin ( E:\Hack\.sys\bin\instalserver.exe ). Kanggo file instalserver.exe na Mangga pilih nu cocok sareng Hapè baraya, mangga download Rupi-rupi file Instalserver.exena. Atanapi kanggo E63 jeung baraya na Download Instalserver.exe sareng Pituduh na didieu - Salin ti mimiti folder .Sys jeung eusi na ( .Sys\Bin\instalserver.exe ) ka memory telepon ( C ). - Ayeuna, Restart Handphone na. :z
- Saparantos hurung deui, Pasang Helloox2 v2.1
Kanggo Helloox2 v2.11 tiasa di download didieu.- Saupami sukses ka pasang, hartosna Hape tos sukses ka Hack. !!!! Langsung jalankeun Helloox2 na sangkan kapasang Rompatcher+ na, buka Rompatcher+ apply Open4all RP+.rmp
Atanapi langsung Pasang RomPatcherPlus na. :z
- Kanggo Ngalengkepan : jieun deui Folder Sys\Bin di drive Y extract deui file Instalserver.exe ka jero folder bin ( Y:\sys\bin\instalserver.exe ) . Nganggo Xplore, sorot folder Sys nu aya di drive Y nembè teras pencèt Menu > File > Atribut , centang sadaya tanda na. ( sangkan hape angger dina posisi hack ) :z
Mangga dicobian... Mugia manfaat...
| share: 6/27/2011 |
elang84
5 comments
|
Hatur nuhun Simkuring kanggo Duduluran sareng Baraya Blog
Wilujeng wayah kieu baraya... :) mugia urang sadaya aya dina kawilujengan.. Husus Kanggo catetan anu ieu mah Simkuring nyatet Dulur jeung Baraya Simkuring anu biasa ku simkuring diDongkapan situs na. Maksad Simkuring nyimpen alamat dulur blog ieu taya sanes kanggo ngaraketkeun deui duduluran antar tukang blog. :z
Hapunten anu kasuhun kanggo Dulur Simkuring di dunia web/wap/blog jeung sajaba na, simkuring nembe nyatet blog baraya ayeuna. Kumargi simkuring jalmi Awam, kirang pangarti ngeunaan ieu. Komo deui upami perkawis panghargaan mah simkuring can ngarti kumaha tata cara na, eta geningan nu di maksud teh Blogger Award :y margi ari kanggo simkuring mah saha wae anu maksad Silaturahmi atanapi duduluran eta oge tos cekap, asal ihlas nya..? :k
Tah numawi eta ayeuna Simkuring bade nyatetkeun dulur/baraya kuring, sakantenan simkuring masihan panghargaan Duduluran (bade disebat Duduluran Award mangga :) ), ucapan hatur nuhun ka sadaya dulur kuring anu parantos tiasa babagi elmu, jeung pangabisa nu ku simkuring katampi pisan. :L
Nyanggakeun rebu hatur nuhun, salaksa kabingahan kanggo :
- Kang Bagas 96
- Kang Semut
- Kang Listkho
- Kang Birintand
- Kang Virgo
- Kang Gepeng
- Kang Syarief
- Kang VPAT
- SymbianBlog
- Kang ObinHut
- Kang Yunan
- Kang SandiGamer
- Kang Erick
- Kang Rawing
Nyanggakeun ka Baraya Simkuring nu di Luhur, mugia Duduluran urang sing langgeng tur Rahayu.
Kanggo Baraya anu sanes na mangga di antos absen na da ari mapay mah simkuring sieun nyasab :O :D ...
| share: 6/09/2011 |
elang84
No comments
|
Program Gratisan asli ti Telkomsel
wah, rupa-rupa pamendak kanggo gratisan ieu mah... Padahal Telkomsel oge kiwari masihan Gratisan Resmina... Tiasa Gratis Opera Mini, Gratis SMS , Gratis Nelepon , Gratis Game Jeung sajabana. Teu nganggo Trik atawa download Aplikasi, cekap ngahubungi ka *101# teras pilih Gratisan nu dipikahoyongna :z :O :D sok-sok kaburu ditutup promo na :L :O
Update :
Saupami cara di luhur parantos gagal. Cobi nganggo SMS . Ketik OPFREE Kintunkeun ka 3636
| share: 5/07/2011 |
elang84
9 comments
|
Cara Hack Ponsel Pasca Hard Reset 3 Jari
Urang lajengkeun kana poko bahasan. :z . Kanggo nga-Hack Handphone nu teu tiasa di Hack nganggo HelloOx tiasa nyobian nganggo trik ieu. Cara na :
:z Siapkeun Alat nu di peryogikeun na, Download Didieu
:z Di lebet file nu di download, aya 2 file sis. Pasangkeun CertUpdater.sisx.
:z Extract CertHack.sis. Sateuacan di Pasang, sign heula nganggo Free Signer, nganggo Sertifikat nyalira. (upami teu acan gaduh Cer sareng Key, mangga Kadieu atanapi Kadieu heula
:z Pasang (install) CertHack_signed.sis 2 kali. Biasana pamasangan kahiji mah gagal, antosan kirang langkung 1 menit teras install deui. Upami gagal keneh, cobian Restart heula Hape na, teras Install deui.
:z Saupami CertHack parantos ka instal, berarti Hape tos Sukses di Hack. :)
:z Download Installserver.exe, pilih nu cocok sareng hape urang teras Extract ka C:\Sys\bin\(tah simpen dilebet folder Bin).
:z Kanggo nyampurnakeun , Pasang Rompatcher+. Apply Open4all.rmp teras add to auto kanggo ngarorek eusi file sapertos sys, private.
:z tambihan : Kanggo jaga-jaga bilih hape di Hard Reset, supados masih Hacked. Simpen file InstallServer.exe di Y:\Sys\Bin nganggo X-Plore. [klik Menu > File > Atribut *centang 3 pilihan nu disayogikeun*
Tah kirang langkung kitu lah.. :o
Wilujeng.... Hape na tos tiasa di rorek deui.. Hacked saterasna.. !!!! :O
| share: 4/19/2011 |
elang84
No comments
|
Ngadangukeun eusi SMS ku Text to Speak Bahasa Indonesia
Pan ti Nokia na oge tos disayogikeun sanajan waktos ngagaleuh mung sayogi bahasa inggris pan kantun masang anu sora Neng Susi versi Indonesia. :z
Cobian gera kanu teu acan gaduh mangga...
Cobian ka kotak masuk pesen, sorot SMS nu bade di dangukeun, klik Pilihan teras Dengarkan. :k
:O tah, pan disada na kahartos ayeuna mah nya??? :O
| share: 3/22/2011 |
elang84
2 comments
|
Internet gratis nganggo Opera Mini 6 [Versi Pang Anyar na]
Cikènèh Opera Mini ngaluarkeun Opera Mini 6 kanggo Symbian s60. :z
Versi anyar ieu langkung mantep ti versi sateuacanna, langkung gancang koneksi na ogè.. :c sareng nu langkung penting, Masih kènèh Gratis Internetan :z
wah... Langsung waè Download Lur..!!! :D
DOWNLOAD OPERA MINI 6
Atanapi nu ieu..!!
Download Opera Mini 6 s60v2
:$
| share: 3/14/2011 |
elang84
No comments
|
Cara Maèn game SEGA dina Hapè Symbian
Dina SEGA sok resep maèn game Mario Bross atawa game Gelut Mortal Kombat,, hmmmm... Jadi inget deui wèh ka Batur ulin keur jaman Nongtot lèho.. (ayeuna ge masih Nongtot lèho :D kètang)
Langsung waè ah, pan judul na ogè Maèn Gamè SEGA dina Handphone, ieu mah asli gamè sèga, sanès Game-game Handphone biasa na, sabab mangrupi Game Emulator... Nami Emulatorna PicoDrive, mangga Pasang heula Emulator na...
Mangga
Download PicoDrive s60v3-s60v5
Download PicoDrive s60v3 (potrait)
Download PicoDrive s60v2
Download Emulator Sega kanggo PC
Cara maèn na kantun muka PicoDrive saparantos dipasang, teras pilih Load new ROM/ISO arah keun kana file rom anu bade di Paènkeun na di simpen, teras pilih Roms Game na. Atur ogè kanggo layar, atanapi Control game na... :k
Download Mortal Kombat.zip
Teras aya Super Mario Bross
Download Super Mario World.zip
| share: 3/05/2011 |
elang84
2 comments
|
Download Aplikasi Sunda_modding ( Ngarubah Bahasa Sunda di Handphone Symbian s60v3 )
Bari ngantosan bedug shubuh nu lumayan rada lami kènèh... Kutak-ketik dina Handphone sugan aya manfa'at,, lumayan keur bahan caritakeuneun ka budak...
- Pastina Handphone Symbian parantos di Hack.
- Siapkeun Patch anu kedah diPasang di antawisna Patch C2Z.rmp
-Teras 3 rupi Patch nu tiasa Di Download Di Dieu.
- Saparantos sadayana Siap... Sareng Patch na Parantos di pasang nganggo Aplikasi RomPatcher+. Di Aplly teras di add to auto.
- Tah,, ayeuna bagèan anu utami na,,, Download Aplikasi Sundamodding na, teras pasang tilu aplikasi na sakaligus (tiasa nganggo Auto Installer )
Catetan: Handphone kedah di atur nganggo Bahasa Indonesia.
Supados kaluar Simbul-simbul atanapi karakter na, Robih Jenis Aksara Handphone, ku jenis font Shablon.ttf
:)
link saupami anu luhur teu tiasa di Download :
Download Aplikasi Sundamodding
Patch anu diperyogikeun
Manawi bahan katampi... Mugia Manfa'at...
| share: 2/25/2011 |
elang84
No comments
|
Sundamodding, ngarubah bahasa handphone janten bahasa Sunda (preview)
Kumaha daramang? Aduh, hapunten yeuh,, sababaraha dinten ieu simkuring teu tiasa onlèn, boh nga-Blog, atanapi saukur maèn Facebook, :v Jalaran simkuring nuju bingung ku hapè simkuring nu ngadadak hoyong nganggo Bahasa Sunda... nya da tos janten kahoyong ti kapungkur, simkuring hoyong ngagaduhan hapè ku bahasa Sunda... Keun ari Aplikasi mah tos gaduh sapertos Opera mini 4 gratis nganggo bahasa sunda, atanapi Opera Mini 5 beta nu nganggo Bahasa Sunda ogè. Sareng sajabina.... :)
Alhamdulillah ayeuna, sakedik-sakedik bahasa dina hapè simkuring tos robih nganggo bahasa Sunda.. najan teu acan bèrès sadayana sacara sampurna ogè, tos Atoh Simkuring mah... :D :D mudah-mudahan tiasa ènggal bèrès ah...
Kalayan tos dilengkepan ku Nambihan Karakter atanapi Simbol... ;) namung simkuring teu acan wantun ngabagikeun Aplikasi na ah... :D teu acan bèrès atuh da... :D :D
Sementawis Ayeuna mah urang ngalih heula wè, sakantenan ngawartosan yèn Acara hiburan Bodor Sunda RnB..Riungan nu Burung ayeuna moal di guar didieu, tapi di alihkeun ka Koceack.blogspot.com, Didinya Dongèng na tos lengkep, tur insya Alloh teras Update ogè.... :) sakitu heula lur.... Mangga ah lajengkeun... :D
| share: 2/07/2011 |
elang84
2 comments
|
Cara Ngarobih Aksara Handphone nganggo Aplikasi Font Router
hmmmm.... :D
Ayeuna urang nyobian ngagentos font atanapi aksara dina hape symbian. Anu tos tiasa ngagentos huruf mah tangtosna tos teu aneh informasi ieu mah, saupami aya informasi sanesna mangga serat wae di kotak komentar. Kanggo dulur Simkuring anu teu acan terang kumaha sangkan aksara dina hape urang tiasa di gentos sakumaha nu dipikahoyongna, mangga urang sasarengan guar.
Aplikasi nu utami nu bade di guar nyaeta ''FONT ROUTER''. ;) Nyaeta hiji aplikasi Symbian kanggo ngarobih jenis, ukuran huruf nu dipasang dina hape Symbian. Cara na oge gampil, kantun urang nginstal ''Font RouterMan'' sareng ''Font Router LT (Build)'' ditambih ku file Aksara (font.ttf) nu bade diPasang dina hape urang. file aksara na sami sareng file nu dianggo dina komputer nyeta file TTF. Nu tiasa di pilari di google, atanapi langsung di transfer dina kompputer nu aya dina drive C:/windows/font. :-t
Saatos urang masang Font Routerman sareng Font Router Build anu cocok sareng hape urang ( FP1 atawa FP2 ). Teras file font.ttf oge ku urang di siapkeun dina lokasi nu ditangtoskeun (misalna di folder anyar ''Font''). Langsung wae buka aplikasi Font Router na. Teras pencet Pilihan kanggo nangtoskeun Aksara nu bade di pilih na, pilih Open Font . Pilari file.ttf na (Lokasi file.ttf nu tadi disimpen di Folder ''Font'').
Teras pangaturan na oge teu sesah.... Beres nangtoskeun huruf tur pangaturan na, Restart hape (pareuman hape na teras hurungkeun deui.) Aksara tos nerap, upami kirang pas. Tiasa gentos aksara atanapi pangaturan deui...
Mangga atuh kantun Download paket Zip kanggo nyobian Trik di luhur, nu eusi na di antawisna :
- Font Routerman sareng Font Router LT (Build) FP1.
- Font Routerman sareng Font Router LT (Build) FP2.
- Sababaraha file Aksara ( Font.ttf ).
- sarta seratan (txt) kanggo nguningakeun kedah nganggo FP1 atanapi FP2 hape nu urang..
. :D
| share: 2/02/2011 |
elang84
No comments
|
HACKER hape SYMBIAN
Ngagaduhan Hape Symbian, benten tebih sareng hape Java ( misalna : Nokia 3110, c3, 5200 sareng sajabina) anu Fitur sareng kalengkapan na rada terbatas saur simkuring mah... Benten na, Hape Symbian (sapertos, nokia Series N70, E63, E75, N8 sareng sajabina) mah salian ti Fitur Aplikasi na nu Lengkep, Urang tiasa ngatur tampilan atanapi masang Aplikasi sakahoyong taya batesan salami eta masih aplikasi kanggo Hape Java atanapi Symbian.
Mung sok rada kesel, upami nuju masangkeun Aplikasi anyar anu dipikahoyong, mandeg lantaran sertifikat aplikasi kadaluarsa atanapi teu diPercaya....
Nu matak, gaduh hape Symbian mah asa teu lengkep upami teu acan Di Hacker (aduh, bahasa gaul siganamah....) nu maksudna supados urang bebas Ngoprek-ngoprek hape Sakahoyong..(kajeun nya da Hape ge tos di galeuh... Meni sok sagala ulah...) conto na Urang tiasa Ngarobih Tampilan Hape Janten Sapertos Blackberry.
Sareng deui kaPayuna insyaAlloh, Simkuring bakal seueur Posting Aplikasi nu Sakedik rada aneh. Tah Upami tos kenging nga-Hacker mah, Aplikasi-aplikasi naon wae ge tiasa di Jalankeun....
Kanggo Salengkepna Mangga Tuturkeun posting Dasar kanggo Nga-hacker Hape Symbian, di handap:
.
| share: 1/21/2011 |
elang84
3 comments
|
elang84