Daftar Eusi Blog

Tampilkan postingan dengan label tips sareng trick. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label tips sareng trick. Tampilkan semua postingan
share:

10/18/2011
elang84
No comments

Rupi-rupi Cara Pikeun Hack hapè Symbian

symbian hack

Masih aya Baraya kuring nu ngahuleng upami dipasihan Kata Hack Symbian ?
Mudah-mudahan sadayana tos ngartos naon ari Hack symbian tèh, kanggo naon ari hapè symbian di Hack? Nyaèta sangkan teu aya halangan sertifikat saupami masang aplikasi-aplikasi anu status na unsign( teu bersertifikat ). Upami tos di hack mah.. Aplikasi-aplikasi nu dipikahoyong langsung tiasa kapasang (asal app na support pikeun hapè na).
Cara na nga-Hack Rupi-rupi, kumargi ayeuna mah tos teu tiasa ngadamel Sertifikat/key ka panyadia sapertos OPDA cara hack nu kiwari di anggo nyaèta Cara-cara nu teu meryogikeun sertifikat.
Mangga, bilih aya nu Hapè symbian na teu acan di hack.. Tiasa nyobi cara-cara di handap ieu :
Hack Symbian tanpa sertifikat (tanpa app anivirus)
Hack Symbian DrWeb
Symbian Hack Without PC . Vivaz too.
Symbian Hack by Bebooo43
Symbia Hacked again : Norton Security

Mugia Catetan ieu aya manfaat na....!!!
share:

10/11/2011
elang84
No comments

Ngadamel Catetan Facebook Bergambar

Wilujeng wayah kieu... ;)
Aya sakedik catetan kanggo dinten ieu, da bongan tadi aya Sobat simkuring tumaros kumaha cara ngadamel catatan Facebook bergambar. Simkuring bingung, ma'lum tos tara ngoprèk facebook, meureun ninggal catetan-catetan simkuring makè aya gambaran sagala... Padahal catetan simkuring mah mung Update Blog Simkuring nu otomatis janten Catetan Facebook.
catatan fb

Cara ngajantenkeun Postingan Blog mangrupi catetan Facebook, tos di catet ku Dulur simkuring Kang Agus ductank dina Postingan na Tips sederhana import blog ke catatan Facebook.
Tapi saupami teu gaduh Blog, atanapi ngahaja hoyong ngadamel catetan Facebook nganggo Gambar, cara na mung sakedik... Da gening catetan Facebook tos ngadukung kode HTML ( tinggaleun info :r nu tos terangeun pasti seuseurian :O )
- Jieun Catetan Facebook, teras eusikeun kode HTML sapertos kieu:
catetan
Kanggo nambih gambar (copas wè kode dilebet ieu, teras robih URL gambar na) :

Upami badè nambihan link, kode na sapertos kieu:


Upami badè nambihan link bergambar ( gambar nu nganggo link ka alamat tertentu :



Tah, sakitu heula catetan simkuring dina danget ieu... Mugia aya Manfaat na... ;)
share:

10/08/2011
elang84
No comments

Ngatur Tampilan Jam Di Layar Awal Hapè Symbian

Wilujeng wayah kieu ah... ;)
Sakedik gaduh catetan kanggo tampilan Jam di Layar Awal Handphone Symbian... Tangtosna Kanggo Aplikasi ieu mah tos papada uninga :v da tos Jadul siga na mah, tapi Upami urang tiasa ngolah na mah sanajan Jadul ogè tetep bakal ngarobah tampilan Home Screen Symbian urang katinggal mèncrang.. :L
clocktop

Aplikasi nu badè di guar nyaèta Clock Top Autostart nu saleresna kantos ogè di bagikeun ku simkuring... Saupami teu acan, mangga Download heula Clock Top na nu ieu.
Mung cara ngarobih Skin atanapi gambar na mah teu acan. Padahal pituduh kanggo ngadamel skin tos aya di lebet aplikasi na. :z nu di peryogikeun kanggo ngadamel(ngèdit) Skin ieu teu seueur, mung peryogi MBMtool kanggo nga-Pack gambar na kana format .mbm :y (mbm tool tiasa di candak Didieu)
Cara ngarobah Gambar na:
- Saparantos MBMtool dipasang, aya folder python\mbmtool dina memori tempat MBMtool dipasang (meryogikeun app Python) nu dilebetna aya dua folder, img sareng mbm.
- Simpen file .mbm nu badè di èdit dina folder mbm.
- Teras buka App MBMtool na, pilih drive dimana folder Python\mbmtool aya. Teras gèsèr kanggo milih mbm. (aya nami file mbm nu disimpen nembè).
- Klik pilihan teras pilih Unpack. (antos sakedap )
- Upami tos rèngsè prosès unpack na, bakal aya Gambar dina folder img. Tah, gambar èta nu di robah (edit) , tiasa nganggo idesigner atanapi gambar nu tos aya. (ngaran file gambar teu kènging dirobah)
-Saparantos di Robah, buka deui MBMtool kanggo nga-Pack gambar nembè kana format MBM. Upami bèrès file mbm na aya dina folder mbm.

Salajeng na Ngatur posisi Jam na. :z
- Salin file mbm nu tos di èdit ka !:\system\Clocktop\skins (simpen didieu). Ngaran file samikeun sareng tadi (tiasa gentos asal ngaran file.ini ogè sami digentos )
- Salin ogè file.ini nu nami na sami sareng file mbm nu di èdit tadi. Ka !:\system\Clocktop\skins\ (simpen didieu)
- Edit file.ini nembè (nganggo X-plore ). Patokan na sapertos kieu :
Harti Angka dina Pangaturan skin (file.ini).

A. Jam Digital (Nu Nampilkeun Jam ku Aksara dina hapè):
1. font
2. Posisi Jam dina mode standby
3. Ukuran gambar background
4. Posisi Angka
5. Ukuran Angka
6. Warna Angka
7. Ngaran Aksara


B. Jam Digital (Nampilkeun Jam ku Angka dina Gambar):
1. image
2. Posisi jam dina mode standby
3. Ukuran gambar background
4. Posisi angka
5. Ukuran digits
6. Ukuran separator (pamisah jam & menit)


C. Jam Analog :
1. analog
2. Posisi dina mode standby
3. Ukuran gambar background
4. Posisi tengah (as) jarum jam
5. Ukuran gedè leutik na Jarum jam
6. Ukuran panjang na Jarum jam
7. Warna Panunjuk Jam (RGB)
8. Warna Panunjuk Menit (RGB)
9. Warna Panunjuk Detik (RGB)
10. Warna Aksara keur tanggal jeung Poè (RGB)
11. Posisi Tanggal
12. Posisi Poè
13. Ukuran aksara (tanggal, poè)
- Cobi buka Aplikasi ClockTop na, pilih Setting kanggo milih Skin nu nembè di jieun, upami tos kapilih tur posisi na tos mernah, klik Back teras klik deui Aktivate teras Enable/restart. ( upami tampilan na masih acak-acakan, teras èdit file.ini dugi ka tampilan na Pas...!!!
Sababaraha Skin Asal-asalan Simkuring...
clocktop
clocktop
Sakitu heula catetan Kuring dina danget ieu...
Mugia aya Manfaatna....
Sok Kaluarkeun krèatifitas Salira...!!! Nu pastina bakal langkung hadè tibatan simkuring :z
:s :s :s
share:

9/23/2011
elang84
No comments

[Mod Symbian] Masang 5 Aksara Sakaligus dina Handphone Symbian

Tos Lami teu ngaModif tampilan Symbian, riweuh ku nu mènta gratisan... :) padahal aya kènèh Opmin Gratisan kanggo XL, tapi simkuring badè nyimpen heula catetan kanggo ngaModif tampilan Hapè Symbian sangkan ngagaduhan tampilan Aksara langkung ti sarupi :z
Trik ieu kenging nyutat ti Blog na Kang Syahrul dina Judul [Hot Modding] Pasang Lima Fonts sekaligus di Symbianmu, didinya Gamblang dijelaskeun cara-cara masang Aksara dugi ka 5 Rupi Fonts. Cara na mah sami waè mung dina bahasa tur tahap-tahap na sakedik bènten sareng nu diAlaman ku Simkuring kinten-kinten kieu ari simkuring mah (nyesuaikeun sareng kaayaan dina Hapè, nu tos Masang Font Router LT + Font RouterMan).

1. Download & Install Fonts Preview , fungsi na kanggo ninggal Ngaran Asli Aksara.
2.Siapkeun sababaraha jinis Aksara (siapkeun wè 5 atw 6 rupi mah ) nu badè digunakeun, Simpen di E:\Data\Fonts\simpenan didieu.Sangkan teu beurat teuing + ngirangan resiko gagal total nu kedah Hard Reset, saè na masang Font Router LT + Font Router Man di memori external (E) sareng gunakeun Aksara-aksara nu ukuran na Alit (Low ) tiasa di pilari di Padumukan Kang Ihint.
3. Buka (Pasang heula kanu teu acan kantos Robih Aksara mah)Aplikasi FontRouterMan, teras Klik bagèan FontLocation, robah Eusi na janten E:\data\Fonts\*.* (bèntang titik bèntang ).
font routerman location
4. Salajengna Restart heula Hapè na.
5. Saparantos hurung deui, buka Aplikasi Fonts Preview na, catet Ngaran Aksara Standar Hapè baraya... ( mis nu Kuring mah : Sans MT 936_S60 ).
catet font original
Sakantenan catet ogè Ngaran Asli Aksara-aksara nu badè di Kombinasikeun na.
catet font kombinasi
6. Salajengna Download FontRouter.Zip ieu, teras Extract FontRouter.ini ka E:\Data\Fonts\Simpen didieu. Timpahkeun wè kana FontRouter.ini nu tos aya.
7. Edit Eusi tina FontRouter.ini (Nganggo X-Plore). Eusi na sapertos kieu :
.... Gulir kahandap dugi ka mendakan tulisan kieu :

; :
Sans MT UniT_HKSCS_S60=Nokia Sans S60
Taruh font asli hp dsini=*
Taruh font asli hp dsini@12=nama asli font kombi disini@10:A
Taruh font asli hp dsini@14=nama asli font kombi disinii@14AB
Taruh font asli hp dsini@15=nama asli font kombi disini@14AB

Jeung saterusna....
Robah tulisan Taruh font asli hp dsini ku Ngaran Aksara Standar hapè baraya.. (mis: Sans MT 936_S60),
Robah Tulisan-tulisan nama asli font kombi disini ku Ngaran-ngaran Fonts nu badè di Kombinasikeun, dina 5 atanapi 6 Aksara nu badè di Kombinasikeun èta bagi-bagi wè posisi na mah.. ( tinggal wè conto FontRouter.ini nu simkuring )
* Katerangan :
@18, @14 saparantos font Asli nunjukeun Tempat aksara èta tampil,
sakedik info ti Sumber:
14=Sub Title
16=Menu
18=Notes/Sms/Profile/2nd Option/ size font (small)
20=Softkey/option/Info/size font (med)
22=Size font (large)
24=Title/Opera Mini
Upami Angka ahir dina Aksara Kombinasi mangrupi Ukuran na, Mangga èta mah atur-atur wè kumaha salèra.. :)

Saupami tos Bèrès, cobian Restart Hapè baraya...
Hasilna sapertos kieu
fonts mod
Klik kanggo ninggal gambar jelas

Mudah-mudahan cara ieu tiasa ngagampilkeun kanggo Modifikasi Aksara Hapè baraya.. Tur Mugia Manfaat....
share:

9/16/2011
elang84
9 comments

Cara Anyar Hack Symbian nganggo DrWeb AV ( tanpa Flashing tanpa Sertifikat )

Dua dinten kapengker Mendakan bèwara hadè kanggo pangguna Symbian nu dugi kiwari hèsè nga-Hack lantaran teu aya nu tiasa masihan Sertifikat & key salaku cukang kanggo Nyertifikatan Aplikasi-aplikasi nu masih Unsign (terhambat sertifikat).
Cara ieu gampang-gampang susah.. Gampang na sapertos Cara Hack Symbian Tanpa Sertifikat, sakedik rada sesah na kedah ngangunakeun Komputer atanapi nyuhunkeun bantosan hapè symbian sanès nu tos status Hacked kanggo Nyimpen file-file utami dina cara ieu, ka Folder Private nu aya dina kartu Memori(external) hapè nu badè di Hack na.
Kieu salengkepna mah nu ku Simkuring di Cutat ti Symbian-Coderus
Symbian hacked again!
All greetings say to IAL from DimonVideo

1. Connect phone with PC, or memory card to cardreader, or
memory card to other non-nokia device (need access to
private folder)
-. If you will use E memory (mass storage, or memory card in
devices without mass storage memory) download QuarantineDriversLDD.zip
-. If you will use F memory (memory card in devices with mass storage memory) download QuarantineF.zip
2. Unpack archive to choosen memory.
3. Download and install DrWeb6 for symbian
4. Launch DrWeb.
5. Go to Options - Quarantine
coderus
6. Go Options - Select all
7. Go Options - Restore
-. RomPacther drivers now in c:\sys\bin folder
8. Download and install RomPacther+ 3.1 Lite
9. Launch RomPatcher+ and apply Open4all patch

-. Now you have access to write in all system folders
-. If need you can apply installserver patch, or found in web
installserver.exe (installserver needs for installing all
applications without any certificate restrictions). For S^3
use my instalslerver .

Upami di hartoskeun kana bahasa Sunda mah Sedih :( ... Sedih na da teu ngartos atuh :r
Candak inti na wè sakumaha nu parantos ku Simkuring di Praktekkeun dina nokia E5.

Download heula Paralatan nu diperyogikeun na..
- QuarantineDriversLDD.zip
- DrWeb6 for Symbian
- RomPatcherPlus 3.1 Lite
Cara na:

1. Lebet keun kartu Memory (external) hapè kana PC nganggo CardReader (kumargi da seuseueur na mah mung drive E janten nu di pedar ku Simkuring mah nu kanggo di Drive E hungkul wè..) atanapi nganggo Hape Symbian nu sanès nu parantos ka Hack tur RomPatcher+ sareng folder Patches na ka instal atanapi aya na dina memori hapè(internal)
-.Extract folder 20024113 katut sadaya eusina nu aya dina folder Private dilebet QuarantineDriversLDD.zip nu di download nembè ka Folder Private Kartu Memori Hapè nu badè di Hack tèa.
2. Saparantos Prosès èta bèrès, Lebetkeun deui wè Kartu Memori nembè kana Hapè nu badè di Hack na. - Ngopi heula wèh... Mun aya mah sareng 234 na :r
3. Pasang Aplikasi drweb-600-symbian-s60.sis na, teras Buka (upami kedah registrasi atanapi naon, cancel wè..)
-.Klik Pilihan > Quarantine. ( Upami Proses nomer 1 na Leres, bakal aya 3 File nu di Karantina sapertos gambar
coderus
-.Klik deui Pilihan > Sellect All
-.Klik deui Pilihan > Restore
-.Dugi kadinya DrWeb na tiasa di tutup.
4. Pasang Aplikasi RomPatcherPlus 3.1 Lite na, teras Buka.
-.Apply Open4All.rmp na, upami tanda na di cèntang hèjo berarti Hapè tos Sukses ka Hack..!!!(tiasa muka folder Private atanapi Sys) :L

Salajeng na mah kantun Nyimpen file Installserver.exe nu cocok kanggo Hapè na di C:\Sys\Bin\simpen didieu. Kanggo InstalServer.exe na, mangga tiasa dicandak Di Dieu.
Upami tos dipelakan instalserver.exe mah Aplikasi nu Unsign ogè langsung melebes, moal aya hahalang sertifikat. RomPatcher+ Lite tiasa di gentos Ku RomPatcherPlus 3.1 Full version.

Mugia catetan ieu aya manfaat na....
share:

9/10/2011
elang84
37 comments

Gratisan Internet Indos*t sareng Thr*e (Bonus Oupeng Indo**t & Thr**)

Aya baraya nu mènta trik Gratis kanggo Indosat, kaleresan Simkuring nganggo telkampret. Bingung ogè, padahal di nu sanès seueur di guar trik kanggo indosat ieu. Tapi ku aya jalan ogè, aya nu nyumbang Kartu Perdana Indosat ka Simkuring mènta di pilari cenah gratisan indosiar na.. :r
Kukurilingan ka ditu-kadieu mendakan ogè... Haduh.. Sumber na mah dimana nya? Ngan nu pasti Ngahaturkeun nuhun heula ka K-Ripan Blog, da didinya simkuring nyandak Aplikasi Oupeng na.
Trik indosat three

Nu parantos lulus uji mah Indosat, kanggo Three nembè aya laporan ti kang Away87 saurna mah lulus di pulsa Rp.0,- :z
Tah ku kitu na mangga nu ngaranggo indosiar sareng Tilu, diantos waè laporan na..
Nyanggakeun...


Sakolakeun heula nomer Indosat na, cara na Ketik salah sahiji format ieu :
*333*2*1*321*1#
*333*2*1*5239*1#
Jieun Jalur Akses sapertos kieu:
~ APN = indosatgprs | www.indosat-m3.net
~ PROXY = 064.255.180.031 | 195.189.142.132 | 82.145.209.17 (pilih nu cocok)
~ PORT = 80

Kanggo Java s40 nu nganggo file Prov, mangga Candak Heula FileProv na di Dieu

Gunakeun Opera Mini Handler, kalayan Pangaturan sapertos kieu :
- Cèntang Remove Port, Type Proxy = HTTP, Proxy Server = 0.facebook.com (nu sanesna mah antepkeun wè.).

Kanggo Opera Mini Handler na Mangga Candak anu aya di dieu..!!



Jieun Jalur Akses sapertos kieu:
~ APN = 3gprs | 3data
~ PROXY = 195.189.142.132 | 80.239.242.253 (pilih nu cocok)
~ PORT = 80


Kanggo Opera Mini Java na masih nu kapungkur... Mangga Candak Opmin Gratis kanggo Tilu didieu

Bonus: Oupeng sunda Indothree skin Batman s60v3
download

Hapunten nu kamari Oupeng na Error, File tos di gentos, mangga cobian.!!!
Tiasa kanggo Indosat atanapi Three nganggo Jalur nembè...!!!

Update Skin Oupeng nu anyar:
- Skin Batman | Skin Bernard Bear | Skin One Piece | Skin Point Blank -

Update : Request Opera Mini Handler
share:

8/13/2011
elang84
9 comments

Pangaturan Gratisan internet T*lk**sel di Opera Mini Handler ( Agustus 2011)

Alhamdulillah, kapendak ogè cara gratisan Opera Mini nganggo Telkamprèt :r Saparantos OPFREE tiwas. Trik ieu kènging nyampur-nyampur tina trik-trik Internet gratis Tsel nu kapendak di sababaraha situs hasil kukurilingan di Abah google.
free tsel
Kanggo Aplikasi Opera Mini Handler na upami teu acan ngagaduhan tiasa Di Download Palih dieu atanapi Di Palih Dieu.
Pangaturan Jalur Akses, File Prov kanggo java sareng Pangaturan Handler OpMin tiasa di candak di handap ieu :z
download

Bonus : Sangkan langkung nyèrèpèt cobian nganggo Opera Mini 5 beta 2 Handler ieu.. ( tos di pack sareng trik di Luhur )
download


**REVISI : Hapunten aya kakirangan dina pangaturan anu tos Pameng di Upload. Saupami masih Gagal Nyambung, cobi Hapus Pangaturan FILTER na ( nu eusi na *(socket: mini5-1.opera-mini.net mini5.opera-mini.net\http: server4.operamini.com server4.operamini.com) di hapus waè sadayana ) :y

*** Saupami gagal nyambung, teras cobian dugi nyambung, ( Rada LoLa alias Loading Lila upami sinyal sakedik ngalelep ) upami nuju hadè mah sinyalna, moal aya masalah :z
share:

8/11/2011
elang84
14 comments

Trik Gratis Internet T**k**sel nguji Kasabaran di Bulan Romadhon (update Agustus 2011)

Bismillahirrohmanirrohiim...
Tos Dua dinten Simkuring teu ngeusian Pulsa, kumargi pabeulit sareng bèas :r èh, sanès kètang, ngan ngahaja nyobian internètan teu nganggo pulsa wè :p keuheul atuh da meni hèsè Tèlkamprèt di ajak damai tèh :D Facebookan ogè kapaksa nganggo Aplikasi Facebook Gratis nu asli.
Tapi Simkuring panasaran naha ari Facebook èta tiasa gratis? Nya di cobian dibongkar èta Aplikasi FB Gratis na. Mendakan dèrètan angka nu ngajantenkeun panasaran :z Dicobi dijieun Proxy kanggo jalur akses. Alhamdulillah ngahasilkeun trik sapertos kieu :
Saparantos Jalur Akses siap, Simkuring langsung nyobian di Browser Bawaan dina Hapè. Kalayan ngawitan muka WWW.FACEBOOK.COM nu dijantenkeun HomePage na. Disambungkeun sareng Jalur akses nu anyar tèa ( Jalur akses+File prov Tiasa di Download di handap ).
Trik telkomsel
Trik telkomsel
Sababaraha kali mendakan Error atanapi teu nyambung ogè.
Trik telkomsel
Bersihkeun Chace & Cookies teras kaluar heula. Langsung lebet deui sapertos di luhur muka heula Facebook.
Trik telkomsel
Alhamdulillah lami-lami mah nyambung ogè ka Facebook.
Trik telkomsel
Saparantos tiasa muka Facebook mah diteraskeun browsing ka Google sareng nyobian Download. Nu hasil na Alhamdulillah Gratis..!!!
Mung hiji trik na mah, nyaèta Sabar :r lumayan pan ari nuju shaum mah urang tèh kedah ningkatkeun kasabaran :z :)
Tah sakitu heula pangalaman simkuring dina carita milari gratisan internèt Bulan Agustus 2011 ieu tèh :r , bilih badè nyobian mangga Download File di handap. Tos aya cara na tur File Prov kanggo Hapè Java s40 ogè.

download

Kalayan kasabaran, parantos dicobi sukses nganggo Browser Bawaan Hape sareng di Opera Mobile.
Mugia Manfaat.. :)
share:

8/03/2011
elang84
10 comments

Best Menu v1.0 Crack jeung Cara ngagunakeun BB AutoText na


Wilujeng wayah kieu baraya...!!! Masih sumanget shaum na?? Tetep sumanget atuh nya, piraku èlèh ku hileud? :r
Simkuring nembè nyobian hiji aplikasi nu tiasa ngagampilkeun pikeun muka menu naon baè nu aya dina hape Symbian tangtosna. Saleresna ieu aplikasi tos heubeul aya na. Saurna mah nu di ''ala'' dina Aplikasi ieu tèh ku aya na layanan AutoText sapertos dina BlackBerry (padahal kuring mah teu nyaho naon ari blekberi teh? :r )
best menu
Best Menu
Tah èta nami Aplikasi na mah... Pasti tos papada apal nya. Kagunaan nu karaos ku Simkuring mah, ku tiasa na ngatur naon baè aplikasi atanapi Menu Hapè nu sok digunakeun ku urang. Sangkan saupami badè muka teu kedah kukurilingan heula ka Menu milari shortcut aplikasi/Menu nu biasa di anggo. Kantun mencèt tombol panggero (tombol hèjo/Dial) rada lami digi ka Aplikasi Best Menu ieu kaluar.
best menu
best menu
Katambah deui urang tiasa nyimpen AutoText, nu digunakeun mangrupi teks gancang saupami nyerat sms jeung sajabana. malahan saupami aksara na ngadukung mah tiasa dianggo BB-AutoText , nyaèta karakter-karakter atanapi Simbol nu biasa digunakeun ku BB.
Cara nambihkeun BB AutoText na sapertos nu aya dina gambar di luhur, kieu:
-Dina Kolom Kènca pilih anu kosong kènèh (nu eusi gè teu nanaon ) atanapi ngadamel heula nu anyar. Option > Edit Tabs | Option > New, Pèk bèrè ngaran tur icon na.
-Dina posisi Tabs (kolom Kènca ti urang) nu dijieun nembè teras gulir ka Katuhu :z klik Option > Place New > Macro Asupkeun ngaran Macro, misalna BBAutoText. Saterasna Urang disuguhan kolom kosong, tah Eusian ku Karakter BB atanapi tulisan nu biasa digunakeun dina SMS sangkan kahareupna urang tiasa gancang ngasupkeun tulisan èta. mis: Assalamu'alaikum.
- Kanggo cara ngagunakeun na teu kedah bingung :p Saupami nuju dina Teks Editor sapertos SMS jeung sajabana, teras pencèt tombol panggil kanggo muka Best Menu, pilih Macro nu nembè diJieun tèa (BBAutoText). Klik. Langsung Autotext ogè muncul. :o dina Teks editor èta.. Siga copy Paste deui lah :r
aeh, hilap.. Panjang teuing ah... Cangkeul.. Mangga ieu BestMenu V1.0 Cracked aya BB AutoText na ogè, kantun Copy Paste ka Macro-macro anyar na :)

download

share:

7/31/2011
elang84
8 comments

Ngagunakeun Aplikasi [Peta] Nokia Maps sacara Offline


maps offline

Handphone Nokia kiwari biasana sok dilengkepan ku Peta atanapi Nokia Maps. Mangrupikeun aplikasi kanggo ningali Peta Lokasi dina hape, misal na dina Nokia E63 jeung sajabana. Tapi jarang layanan aplikasi eta digunakeun, karaos ku Simkuring sanès teu peryogi kanu Peta tapi Biasana nu nganggo na ogè mikir deui lamun saukur nempoan peta bari mayar :z sabab layanan Peta ieu Online nganggo jaringan GPRS.
Ayeuna Simkuring badè nyobian nyatetkeun naon nu parantos kapendak dina perkawis Nokia Maps sacara Offline. Tujuan na sangkan tiasa ngagunakeun Peta ieu teu make nyambung ka Internet (Offline). Jadi teu kedah ngaluarkeun pulsa kanggo ningalian Peta :L Cara na gampil, kanggo ngawitan buka heula Nokia Maps na. Teras pariksa Versi nu di anggo dina hape na. (conto simkuring mah nganggo v.2.0) .
*Upami Maps / Peta na kantos dibuka, sacara otomatis bakal kajieun Folder cities\diskcache dina kartu Memori. Nu eusi na data-data dina Aplikasi Peta /Maps .

Ayeuna urang meryogikeun data-data file nu tos kumplit (nampilkeun peta). Data-data file eta tiasa di Download langsung di NOKIA MAPS. Pilih Versi sakumaha nu aya dina hape urang. Teras Download Peta mana nu diperyogikeun. ( mis: Indonesia ) ukuran file na lumayan ogè (21MB) :z
nokia maps
nokia maps
Saparantos di Download, Extract sadaya eusi na ka E:\cities\diskcache (simpen didieu).
Buka Peta / Maps na, atur sangkan unggal dibuka teu Online (Go Online at Startup = No). Cobian buka atanapi Pilari tempat mis : Jatinangor.
nokia maps

Mugia catetan ieu aya manfaat na ogè kanggo baraya... :y

* Info Tsel : Kanggo ngadownload dina Opera Mini, cobian upami Pulsa nuju minim ( mis= Rp.50 ) teras sambung sareng jalur akses salian Telkomsel. ( 3data, indosatm2, internet . Jeung sajabana ) mudah-mudahan sanasib gratis na sareng simkuring :r :r
share:

7/13/2011
elang84
12 comments

Cara Hack Handphone Symbian Tanpa Sertifikat

Kawitna Simkuring ogè teu percanten, Handphone Symbian tiasa di Hack Tanpa meryogikeun sertifikat. Tapi saparantos ngalaman mah nembè percanten, mangkana Simkuring wantun Share ogè. :)
hack s60
Bingung atuh da, badè nga-Hack Handphone, teras ngadamel Sertifikat&key ka OPDA / shoujizu.net nu tos saminggon teu bèrès-bèrès. Nyobian deui ngadamel di S60certkey.com nya kitu kènèh, Pending.. :# Nya nyobian naros ka mbah Gugel. Cara na kieu : :z




- Buka Aplikasi X-Plore na.
- Jieun Folder Anyar dina Memory kartu (E), pasihan nami bebas, conto : Hack
hack symbian tanpa certificate
- Jieun deui folder di jero folder Hack eta, namian .sys (nganggo titik di payun), sakalian jieun deui folder anyar di jero folder .Sys nembè namian Bin
hack symbian tanpa certificate
- Extract hiji File instalserver.exe ka jero folder Bin ( E:\Hack\.sys\bin\instalserver.exe ). Kanggo file instalserver.exe na Mangga pilih nu cocok sareng Hapè baraya, mangga download Rupi-rupi file Instalserver.exena. Atanapi kanggo E63 jeung baraya na Download Instalserver.exe sareng Pituduh na didieu
hack symbian tanpa certificate
- Salin ti mimiti folder .Sys jeung eusi na ( .Sys\Bin\instalserver.exe ) ka memory telepon ( C ).
hack symbian tanpa certificate
- Ayeuna, Restart Handphone na. :z
- Saparantos hurung deui, Pasang Helloox2 v2.1
Kanggo Helloox2 v2.11 tiasa di download didieu.
download
- Saupami sukses ka pasang, hartosna Hape tos sukses ka Hack. !!!! Langsung jalankeun Helloox2 na sangkan kapasang Rompatcher+ na, buka Rompatcher+ apply Open4all RP+.rmp
Atanapi langsung Pasang RomPatcherPlus na. :z


- Kanggo Ngalengkepan : jieun deui Folder Sys\Bin di drive Y extract deui file Instalserver.exe ka jero folder bin ( Y:\sys\bin\instalserver.exe ) . Nganggo Xplore, sorot folder Sys nu aya di drive Y nembè teras pencèt Menu > File > Atribut , centang sadaya tanda na. ( sangkan hape angger dina posisi hack ) :z

Mangga dicobian... Mugia manfaat...
share:

7/08/2011
elang84
9 comments

Cara Ngarobah Tampilan Opera Mini 6.1 symbian ( Bonus skin Firefox + skin Spiderman )

Hayoh waè ngaganti aplikasi Opera Mini, pira ogè hoyong gentos Tampilan, data nu kamari sapertos halaman kasimpen, speed dial janten laleungitan deui :# Saleuheung upami masang Opera Mini 6.1 na anu clone. Janten moal nabrak Opera Mini orsinil nu tos kapasang. Tapi ari dipasang deui ngan saukur bèda tampilan atanapi skin na mah keur nanahaon... :#
Sabar heula lur... Saupami ukur hoyong gentos tampilan atanapi Skin Opera Mini 6.1 tapi teu matak ngahapus atanapi ngagentos Aplikasi Opera Mini kaseluruhan na mah, kantun gentos Skin atanapi tampilan na wungkul wè atuh.. :) teu kedah rèpot bongkar pasang Aplikasi na ;) Tapi upami keukeuh hoyong masang langkung ti hiji Opera Mini 6.1 symbian mah Pasang wè Opera Mini 6.1 clone Firefox, :k
Sapertos judul di luhur, urang ngarobih Tampilan atanapi skin Opera Mini 6.1 ; supados teu bongkar pasang Aplikasi na nya.. :z Langsung wae kana cara-cara na..
- Buka Mènèjer file X-Plore , langsung ngoloyong ka folder System\Apps\OperaMini nu aya di memori tempat OpMin6.1 dipasang. ( folder OperaMini upami opera mini original, upami Opera Mini 6.1 clone Firefox, aya di folder Operacccc atanapi OperaMono )
- Hapus file skin-hvga-multi.rsc sareng file skin-qvga-multi.rsc nu aya di jero folder OperaMini nembè. (upami nu Clone tadi mah tos teu ayaan)
- Download teras Extract sadayana file-file nu aya di lebet.zip ( download di handap ) ka folder OperaMini nembè. [ c / e:\System\apps\OperaMini(extract kdieu) ]
Cobi buka Opera Mini na. :L
Tah ieu conto Skin Opera Mini 6.1 nu ayeuna sayogi didieu mah :k
Skin Opera Mini 6.1 Firefox oh yess :r
skin opera mini firefox bahasa sunda
download

Skin Opera Mini 6.1 Spiderman Black :p
skin opera mini 6.1 spiderman
download
* katerangan:
- Splash.dat = kanggo gambar splash (ngawitan muka opmin)
- Locale-ri.rsc = kanggo Ngarobah Bahasa na (sunda)
- skin-hqvga-multi.rsc = Kanggo ngarobah Tampilan atanapi skin na.
:o mugia bahan katampi :L
skin ti : Rifatspir
share:

7/07/2011
elang84
2 comments

Cara Ningkatkeun Kualitas Kamera Hape Symbian


Kualitas Gambar atanapi Hasil Foto dina Kamera hape biasa na sok kurang Hadè upami badè di cetak atanapi upami ditingalian dina Komputer. Nya kumaha deui atuh ari kualitas kamera nu ngan sakitu-kitu na :o
kamera ponsel Tapi ulah hariwang atanapi kuciwa :( kanggo baraya nu resep ngoleksi foto kanggo disimpen dina album foto, atanapi mung resep fofotoan. Aya cara kanggo ningkatkeun kualitas Hasil jeprètan dina kamera handphone Symbian. Hmmm... Nya pastina hoyong atuh kualitas Foto hasil dina Kamera hapè janten hadè mah nya..?? :L
Syarat na Handphone Symbian parantos di HACK..!!! :z mung nembè sayogi sababaraha type Ponsel, ( sugan wè ka asup..!!! :O ) cobian pasang Aplikasi Kualitas Kamera di handap ieu. Teras Pilih salah-sahiji type Ponsel baraya (upami aya,). :y
Sababaraha type ponsel nu ngadukung :k
kualitas kamera
kualitas kamera
Pilih mung hiji type pamasangan.
kualitas kamera
Mangga di Candak Aplikasi na
download

Atanapi ku cara Manual na, nyaèta nyimpen file 10282EDC.txt di C:\Private\10202be9(simpen didieu) teras atribute file na di atur sangkan Read Only (nganggo X-plore).
ieu file manual + cara nganggo na.
download
Restart Handphone na. Mangga raoskeun bènten na :o

*info kenging ti Kang Erick
share:

7/06/2011
elang84
4 comments

Cara Sangkan Muka Gallery Hape Symbian teu LOLA (Loading Lami)


Saparantos nembè nambihan Koleksi Tema Free i-SMS teras dipasang, otomatis file gambar dina hape janten nambihan. :z atanapi gambar-gambar anu teu penting jeung tara ngahaja diTingalian, tapi penting kanggo hiji aplikasi pasti minuhan gallery foto nu ngakibatkeun waktu urang muka gallery sok cangkeul ngantosan. Gallery janten LOLA (loading lami) :D :r
Gallery symbian
Hoyong teu muka Gallery janten gancang?? :o nya wios atuh ari teu hoyong mah.. :(
Tapi wios ah, ieu mah kanggo nu hoyong wè :r da teu sesah cara na mah, sapertos nu kamari dina Cara misahkeun File Musik dina Pamuter Musik, nu inti na misahkeun file anu dipiharep asup dina Gallery sareng nu moal diasupkeun kanu Gallery. Kitu deui nu ieu ogè file gambar salian nu aya di E:\images moal aya dina Gallery foto :y . Hasilna Muka Gallery moal lami ngantosan dugi ka nundutan :s
gallery foto

Langsung waè atuh di Praktèkkeun..!!! :k yeuh Download Nu Ngagancangkeun Muka Galleryna. Teras Extract file MGXDatabasePlugin.rsc na ka C:\Resource(simpen didieu). :z
Cobian atuh buka Gallery na... Dijamin nyèrèpèt wèh... Ngan henteu so tèh urang kakara niat rèk muka Gallery, Gallery foto-foto tos muka nyalira... :r :r
Nyanggakeun ah.. :L :k ;)
 
powered by blogger.com and maxwidth simple build 0.02 mobile template