Daftar Eusi Blog

Tampilkan postingan dengan label Aplikasi. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Aplikasi. Tampilkan semua postingan
share:

10/18/2011
elang84
No comments

Opera Mini 6.1 s60v3 free Telkomsel [masih aktif di jalur standar]

Assalamu'alaikum...
Sakedik Informasi kanggo pangguna satia Telkamprèt husus na nu nganggo Jalur Gratisan, dikawit tadi (14/10) kinten-kinten tabuh satu (tengah wengi) Jalur Gratisan sadayana Macèt Total ( co.id ) :( .
Sakitu pengumuman ti Simkuring... Wassalam... :p
opmin telkomsel

Eits...!!! Gratisan na kumaha atuuuuh ayeunaaaaa???? :k :v :o
Wayahna cocok teu cocok ayeuna mah pakè heula Opera Mini Java Telkomsel Oktober 2011 nu kamari.
Bari ngantos Jalur ènggal ( mudah-mudahan aya ) kanggo Pangguna Symbian taya lepat na nyobian Salah sahiji koleksi OpMin sis 6.1 simkuring nu saleresna tos lami di simpen. Kumargi kamari mah aya Jalur sakti, janten nu di anggo OpSis nu nganggo jalur Sakti èta.
Tah, ayeuna mah tos waktos na kaluar meureun... :O Opera Mini 6.1 s60v3 nu Husus kanggo Gratisan Telkomsel. Kalayan di selipan skin Full Collor ti Bang Roy Symbianerz, pastina langkung mèncrang :L
Nyanggakeun....

download

Atanapi nu ieu...

download


* Sambungkeun nganggo Jalur Standar Telkomsel, saupami karaos lami dina pamasangan / ngawitan nyambung, pegatkeun heula sambungan internet atanapi kaluar heula dina aplikasi teras cobian deui...*
share:

10/17/2011
elang84
No comments

Oupeng Browser s60v3 [Free Telkomsel Update Oktober 2011]

Hmmmmm..... :v
Berhubung si Kamprèt kudu waè makè jalur Standar, simkuring nyobi deui ngèdit Aplikasi Browser nu tos aya... Hiji deui yeuh kanggo Oupeng Browser na, masih Gratis di Jalur Standar Telkomsel.
sonic browser

Mangga Nyanggakeun...
Oupeng Browser 6.1 Clone
Skin Blue Sonic
Jalur Standar Telkomsel
Symbian s60v3

donlod


:s :s :s
share:

10/10/2011
elang84
No comments

LCG X-Plore Skins Pack v 1.51-v1.56 ( + bahasa Indo-Sunda )

Wilujeng wayah kieu baraya...!!! ;)
Baraya pangguna hapè Symbian pastina tos teu anèh deui kana Aplikasi nu hiji ieu mah, margi wajib Aplikasi ieu aya dina hapè symbian. LCG X-Plore, mangrupi aplikasi kanggo File explorer dina hapè symbian nu tos teu kedah di beunyeur bèas keun deui naon kaunggulan na. :z
Simkuring sanès badè update aplikasi na, saupami badè Update kana versi nu ayeuna (v 1.56) langsung waè ka LCG na Langsung, kalayan rincian layanan nu langkung kumplit. Atanapi nu tos di Download ku Simkuring, Versi 1.56 na Mangga nu Ieu.
Sangkan teu aya waktos ngantosan (3 detik) upami muka X-Plore baraya tiasa nga-crack sangkan aplikasi teu teras miwarang ngagaleuh full version na, cara nga-Crack na simkuring nyandak patokan ti Blog na kang Sedenx dina judul Cara Crack X-Plore via Hapè.
Ayeuna mah simkuring badè nyimpen heula Skin kanggo ngarobih tampilan aplikasi X-plore na, Mangrupi aplikasi nu eusi na Skin Pack LCG X-Plore (tiasa kanggo v 1.51 dugi ka v 1.56). Upami tos gaduh X-Plore, teras badè gentos tampilan icon na kantun pasang Aplikasi ieu, teras pilih salah sahiji skin nu badè digunakeun na (aya 18 skins).
skin pack xplore

Dina Skins ieu nu disayogikeun mung tilu bahasa ( nu sok biasa digunakeun ) nyaèta Bahasa Inggris, indonesia, sareng Sunda.
Nyanggakeun,,,,,
18 X-Plore Skins v151-v156
download x-plore skins pack


Skins sateuacan ditambihan Bahasa Indo-Sunda kenging nyutat ti Blog Kang Ahariadi.
share:

10/08/2011
elang84
No comments

Opera Mini 6.1 [java] Bèda Rasa ( free Telkomsel - Oktober 2011 )

opera mini telkomsel

Ngelol heula ach sakedap... :D
Bilih masih kènèh aya Baraya simkuring (husus na nu nganggo telkamprèt) nu masih tekor pulsa na lantaran resep internètan, kanggo sasih Oktober 2011 ieu simkuring aya sababaraha Opera Mini 6.1 (java) nu tiasa diAnggo internètan bari teu motong pulsa (Haratissss...!!! ;) ).
Saleresna nu Opera Mini Telkomsel edisi Agustus - September 2011 kamari ogè masih tiasa Haratis, tapi di sababaraha daèrah tos karaos ngarayap siga kuya :O , numawi èta Simkuring nyobi deui ngacak-ngacak Opmin 6.1 ieu nu mudah-mudahan tiasa langkung saè ti nu kamari...
Sambungan Jalur Akses na masih tiasa nganggo Jalur Standar bawaan Telkomsel ( teu kedah ngatur jalur ), tapi simkuring nyarankeun husus na kanggo Nokia Java s40 kedah ngagunakeun Jalur anyar. FileProv na tiasa di candak Di Palih Dieu.
Nyanggakeun Opera Mini 6.1 Kamprèt na...
* Aèh hilap.. Opera Mini ieu aya sababaraha warna pilihan :D Tiap Warna Ngagaduhan Rasa nu bèda !!! Dina Tiap Rasa Ngagaduhan Set Proxy nu bèda ogè. :z

Mangga DiPiliiiih.... Dipiliiihh... Dipiliiiiihh....!!!! :r :r :r
opera mini gratis rasa stroberi

opera mini gratis rasa jeruk

opera mini gratis rasa anggur

opera mini gratis rasa melon

opera mini gratis rasa coklat

Bonus : Opera Mini 4.2 bahasa Sunda free Telkomsel dina rasa Durèn :)
donlod


Laporan atanapi patarosan mangga urang guar dina komentar.., ;)
share:

elang84
No comments

Ngatur Tampilan Jam Di Layar Awal Hapè Symbian

Wilujeng wayah kieu ah... ;)
Sakedik gaduh catetan kanggo tampilan Jam di Layar Awal Handphone Symbian... Tangtosna Kanggo Aplikasi ieu mah tos papada uninga :v da tos Jadul siga na mah, tapi Upami urang tiasa ngolah na mah sanajan Jadul ogè tetep bakal ngarobah tampilan Home Screen Symbian urang katinggal mèncrang.. :L
clocktop

Aplikasi nu badè di guar nyaèta Clock Top Autostart nu saleresna kantos ogè di bagikeun ku simkuring... Saupami teu acan, mangga Download heula Clock Top na nu ieu.
Mung cara ngarobih Skin atanapi gambar na mah teu acan. Padahal pituduh kanggo ngadamel skin tos aya di lebet aplikasi na. :z nu di peryogikeun kanggo ngadamel(ngèdit) Skin ieu teu seueur, mung peryogi MBMtool kanggo nga-Pack gambar na kana format .mbm :y (mbm tool tiasa di candak Didieu)
Cara ngarobah Gambar na:
- Saparantos MBMtool dipasang, aya folder python\mbmtool dina memori tempat MBMtool dipasang (meryogikeun app Python) nu dilebetna aya dua folder, img sareng mbm.
- Simpen file .mbm nu badè di èdit dina folder mbm.
- Teras buka App MBMtool na, pilih drive dimana folder Python\mbmtool aya. Teras gèsèr kanggo milih mbm. (aya nami file mbm nu disimpen nembè).
- Klik pilihan teras pilih Unpack. (antos sakedap )
- Upami tos rèngsè prosès unpack na, bakal aya Gambar dina folder img. Tah, gambar èta nu di robah (edit) , tiasa nganggo idesigner atanapi gambar nu tos aya. (ngaran file gambar teu kènging dirobah)
-Saparantos di Robah, buka deui MBMtool kanggo nga-Pack gambar nembè kana format MBM. Upami bèrès file mbm na aya dina folder mbm.

Salajeng na Ngatur posisi Jam na. :z
- Salin file mbm nu tos di èdit ka !:\system\Clocktop\skins (simpen didieu). Ngaran file samikeun sareng tadi (tiasa gentos asal ngaran file.ini ogè sami digentos )
- Salin ogè file.ini nu nami na sami sareng file mbm nu di èdit tadi. Ka !:\system\Clocktop\skins\ (simpen didieu)
- Edit file.ini nembè (nganggo X-plore ). Patokan na sapertos kieu :
Harti Angka dina Pangaturan skin (file.ini).

A. Jam Digital (Nu Nampilkeun Jam ku Aksara dina hapè):
1. font
2. Posisi Jam dina mode standby
3. Ukuran gambar background
4. Posisi Angka
5. Ukuran Angka
6. Warna Angka
7. Ngaran Aksara


B. Jam Digital (Nampilkeun Jam ku Angka dina Gambar):
1. image
2. Posisi jam dina mode standby
3. Ukuran gambar background
4. Posisi angka
5. Ukuran digits
6. Ukuran separator (pamisah jam & menit)


C. Jam Analog :
1. analog
2. Posisi dina mode standby
3. Ukuran gambar background
4. Posisi tengah (as) jarum jam
5. Ukuran gedè leutik na Jarum jam
6. Ukuran panjang na Jarum jam
7. Warna Panunjuk Jam (RGB)
8. Warna Panunjuk Menit (RGB)
9. Warna Panunjuk Detik (RGB)
10. Warna Aksara keur tanggal jeung Poè (RGB)
11. Posisi Tanggal
12. Posisi Poè
13. Ukuran aksara (tanggal, poè)
- Cobi buka Aplikasi ClockTop na, pilih Setting kanggo milih Skin nu nembè di jieun, upami tos kapilih tur posisi na tos mernah, klik Back teras klik deui Aktivate teras Enable/restart. ( upami tampilan na masih acak-acakan, teras èdit file.ini dugi ka tampilan na Pas...!!!
Sababaraha Skin Asal-asalan Simkuring...
clocktop
clocktop
Sakitu heula catetan Kuring dina danget ieu...
Mugia aya Manfaatna....
Sok Kaluarkeun krèatifitas Salira...!!! Nu pastina bakal langkung hadè tibatan simkuring :z
:s :s :s
share:

elang84
No comments

LCG Photobook 2.20 final | cracked (sunda)

Wilujeng wayah kieu... Kumaha Daramang?? :) asa tos lami teu ngelol ... Kumargi aya sababaraha kasibukan di alam nyata.. :c
Kanggo dinten ieu, Simkuring badè nyimpen heula Aplikasi Symbian kanggo Muka an Gallery Photo nu langkung mernah :L naon deui ari Sanès LCG PhotoBook mah, tos teu kedah di beunyeur bèaskeun deui lah... (capè :r ) langsung waè Aplikasi na di cobian... Tos teu kedah Registrasi (Cracked) tur sayogi kanggo pilihan Bahasa Inggris, Indonesia sareng Sunda kalayan nganggo Tampilan icon Anna :L
photo book
photo book
Nyanggakeun...
LCG Photobook 2.20 final python cracked(sunda)
downloaded
* Aplikasi ieu meryogikeun Python ..!!!
share:

10/03/2011
elang84
No comments

Opera Mini 4.2 mod | Full Color All Operator Trick

Aya kintunan Opera Mini 4.2 mod ti sobat Simkuring Bang Roy Symbianerz nu mana Opera Mini 4.2 ieu ngagaduhan Fitur kumplit pisan. Kawitna ieu Opmin di atur kanggo SC Globe, saur na hoyong pangrobihkeun sangkan Gratis dianggo kanggo Telkomsel.
Saparantos di cobian, nganggo pangaturan kanggo si Kamprèt alhamdulillah gening tiasa ogè Haratis :L , katambih deui ieu OpMin lengkep pisan, sababaraha fitur anu aya dina ieu Opmin kirang-langkung sapertos Tiasa ngarobah Skin sakahoyong Urang, Ngatur Proxy URL (kanggo gratisan), Manager File, jeung sajaba na. Cobian wè Obrak-abrik naon waè nu aya dina Opmin ieu... :p
Panasaran nu kumaha OpMin 4.2 full Color all Operator ieu tèh? :z mangga cocodot,, aèh Cekidot :O
opmod 42
Sababaraha conto tampilan na.
opmod 42
Pangaturan warna skin, tiasa ngadamel nyalira atanapi di import dina file.col nu tos kasimpen ( aya sababaraha conto skin nu kantun di import tos dilebetkeun dina file donload di handap)
:L
opmod 42
Tah, ieu nu inti na mah... Sanajan simkuring ngarobih kanggo Telkomsel, Baraya nu nganggo salian Telkomsel tiasa ngagunakeun OpMin ieu sacara gratis internet na. Kantun lebet kana Pangaturan Network, didinya disayogikeun kanggo pangaturan Proxy URL (minangka handler na). Dicobi nganggo Telkomsel mah kantun nganggo ogè teu nanaon.
Sakedar conto ieu mah, misal na nganggo Indosat kantun gentos Proxy URL na ku http://0.facebook.com/, kanggo Three cobian ku http://wap.tri.co.id@server4.operamini.com/ atanapi kanggo XL nganggo http://goklik.co.id/ (kanggo nu sanès na mah pilari wè nyalira.. :v ), Reset server at an Error na di Off keun sangkan upami teu nyambung teu diteraskeun kana Proxy Telkomsel nu lain. Save... teras Sambungkeun sareng Jalur Sakti masing-masing nu masih hirup ayeuna. (guar deui wè postingan-postingan kamari ). Upami kanggo telkomsel mah tiasa nganggo jalur standar, tapi sangkan langkung aman mah nganggo Jalur Sakti ogè nya...!!! :o da teu sesah ari kanggo si Kamprèt mah, ayeuna aya nu anyar deui cenah Jalur na teh,
APN: AHA
Proxy : 008.008.008.008 atanapi 8.8.4.4
Port: 8000
beuh... Gampil tur nyèrèpèt ogè lur... :L
Nyanggakeun ah, upami peryogi èta ogè.. :r
Opera Mini 4.2 Full collor All Operator
dunlud



Hatur nuhun : Roy Symbianerz Fmt.
agaduhan Fitur kumplit pisan. Kawitna ieu Opmin di atur kanggo SC Globe, saur na hoyong pangrobihkeun sangkan Gratis dianggo kanggo Telkomsel.
Saparantos di cobian, nganggo pangaturan kanggo si Kamprèt alhamdulillah gening tiasa ogè Haratis :L , katambih deui ieu OpMin lengkep pisan, sababaraha fitur anu aya dina ieu Opmin kirang-langkung sapertos Tiasa ngarobah Skin sakahoyong Urang, Ngatur Proxy URL (kanggo gratisan), Manager File, jeung sajaba na. Cobian wè Obrak-abrik naon waè nu aya dina Opmin ieu... :p
Panasaran nu kumaha OpMin 4.2 full Color all Operator ieu tèh? :z mangga cocodot,, aèh Cekidot :O
opmod 42
Sababaraha conto tampilan na.
opmod 42
Pangaturan warna skin, tiasa ngadamel nyalira atanapi di import dina file.col nu tos kasimpen ( aya sababaraha conto skin nu kantun di import tos dilebetkeun dina file donload di handap)
:L
opmod 42
Tah, ieu nu inti na mah... Sanajan simkuring ngarobih kanggo Telkomsel, Baraya nu nganggo salian Telkomsel tiasa ngagunakeun OpMin ieu sacara gratis internet na. Kantun lebet kana Pangaturan Network, didinya disayogikeun kanggo pangaturan Proxy URL (minangka handler na). Dicobi nganggo Telkomsel mah kantun nganggo ogè teu nanaon.
Sakedar conto ieu mah, misal na nganggo Indosat kantun gentos Proxy URL na ku http://0.facebook.com/, kanggo Three cobian ku http://wap.tri.co.id@server4.operamini.com/ atanapi kanggo XL nganggo http://goklik.co.id/ (kanggo nu sanès na mah pilari wè nyalira.. :v ), Reset server at an Error na di Off keun sangkan upami teu nyambung teu diteraskeun kana Proxy Telkomsel nu lain. Save... teras Sambungkeun sareng Jalur Sakti masing-masing nu masih hirup ayeuna. (guar deui wè postingan-postingan kamari ). Upami kanggo telkomsel mah tiasa nganggo jalur standar, tapi sangkan langkung aman mah nganggo Jalur Sakti ogè nya...!!! :o da teu sesah ari kanggo si Kamprèt mah, ayeuna aya nu anyar deui cenah Jalur na teh,
APN: AHA
Proxy : 008.008.008.008 atanapi 8.8.4.4
Port: 8000
beuh... Gampil tur nyèrèpèt ogè lur... :L
Nyanggakeun ah, upami peryogi èta ogè.. :r
Opera Mini 4.2 Full collor All Operator
dunlud



Hatur nuhun : Roy Symbianerz Fmt.
share:

elang84
No comments

LCG Photobook 2.20 final | cracked (sunda)

Wilujeng wayah kieu... Kumaha Daramang?? :) asa tos lami teu ngelol ... Kumargi aya sababaraha kasibukan di alam nyata.. :c
Kanggo dinten ieu, Simkuring badè nyimpen heula Aplikasi Symbian kanggo Muka an Gallery Photo nu langkung mernah :L naon deui ari Sanès LCG PhotoBook mah, tos teu kedah di beunyeur bèaskeun deui lah... (capè :r ) langsung waè Aplikasi na di cobian... Tos teu kedah Registrasi (Cracked) tur sayogi kanggo pilihan Bahasa Inggris, Indonesia sareng Sunda kalayan nganggo Tampilan icon Anna :L
photo book
photo book
Nyanggakeun...
LCG Photobook 2.20 final python cracked(sunda)
downloaded
* Aplikasi ieu meryogikeun Python ..!!!
share:

9/25/2011
elang84
No comments

Ngawaskeun Kakuatan Batrè handphone Symbian ku Capree ION Battery Timer v 1.05

Hiji Aplikasi Jadul kanggo Handphone Symbian (s60v3 v5) kanggo Nalingakeun kakuatan Batrè. Ku Aplikasi ieu Urang tiasa Uninga Sabaraha lami deui waktos batrè Low atanapi peryogi di Charge. Nguningakeun iraha terahir urang ngeusi batrè, jeung iraha urang kedah ngeusi deui batrè.
Margi ari hoyong awet batrè mah kedah rada disiplin dina pamakèan na, sapertos teu ngantep batrè dugi ka pareum hapè na kusabab batre kosong. Biasa na upami nuju anteng dina hapè sok hilap batrè tos Spaneng :r tungtungna hapè pareum da kabèakeun batrè, tah èta tèh pan tiasa ngajantenkeun Batrè gancang ngadrop, ruksak.. :z
Nyanggakeun Capree ION Battery Timer v 1.05 (cracked)
ion battery timer
ion
Kanggo ngajalankeun na cekap Klik Pilihan > Standby Plug-in > On
ion on home screen
Tampilan dina Layar Awal

Mangga upami peryogi, Undeur waè aplikasi na
Capree ION Battery Timer v 1.05
download
4shared download
share:

9/23/2011
elang84
No comments

Opera Mini [java] kanggo Gratisan XL

Wilujeng wayah kieu lur...!!!
Nyambat heula ka para Master Gretongan... Simkuring neda panghapunten tos kumawantun ngabagi-bagi cara Internet Gratis deui yeuh... Ayeuna Kanggo XL, pèdah wè kamari aya sobat simkuring nu satia ka Neng Luna :r hoyong gratisan kawas batur cenah... Nya milarian simkuring ogè kaditu-kadieu ( kumargi sumber na seueur janten hilap ieu trik dimana asalna ). Kanggo Para Master Gretongan nu kantos medar ieu trik simkuring Ngahaturkeun nuhun, hapunten teu di rincikeun kumargi ampir sadaya na nunjuk kana Pangaturan Jalur Akses nu diAduk sareng Pangaturan Opera Mini Handler na.
free internet xl
Mungpung aya XL Kanggo Percobaan, simkuring Ngadamel ( Ngarobah meureun :r )Opera Mini na nu Kantun Nganggo tur di Sambungkeun sareng Jalur Akses Sakti na. Hasil na Mantap Surantap... Haratis...!!! ( mudah-mudahan sami Haratis ogè upami di anggo ku Baraya nu nganggo XL sanèsna ) Download ogè lancar teu sapertos Indo**t nu kamari, lur..!!
Langsung baè atuh kanggo Pangguna XL bilih badè nyobian mah... tiasa di Undeur di handap, tos di pak sareng cara Ngatur Jalur Akses + File Prov na ogè kanggo Java s40. (ènggalan ah, bilih kabujeng pareum :D )

  • Opera Mini 4.2 XL
  • Opera Mini 5.1 XL
  • Opera Mini 5.1 TransBG XL
  • Opera Mini 6.1 Turbo XL
  • Opera Mini 6.1 Turbo TransBG XL

  • * Sangkan Aman Gratisan, usahakeun Pulsa Minim...!!! Utamina saupami badè donlod file ageung.. :z
    share:

    9/22/2011
    elang84
    4 comments

    Opera Mini 6.1 skin Real Madrid (s60v3 Unsign) gratis Kanggo Indosat

    Mungpung masih gaduh SC indosiar IMsri simkuring teras Update Gratisan OpMin, saparantos kamari mah Versi Java, ayeuna urang sami cobian kanggo Symbian s60v3 aya Opera Mini 6.1 Real Madrid(s60v3 Unsign) kanggo Internetan nganggo Indosat Gratis...!!!, sapertos biasa baraya kedah ngatur sakedik kanggo Jalur akses na, masih nu kamari ogè :L
    opera mini free indosat
    Bilih Hilap kana Pangaturan Kamari, mangga buka keun Pangaturan di handap.
    Sakolakeun heula nomer Indosat na, cara na Ketik salah sahiji format ieu :
    *333*2*1*321*1#
    *333*2*1*5239*1#
    Jieun Jalur Akses sapertos kieu:
    ~ APN = indosatgprs | www.indosat-m3.net
    ~ PROXY = 064.255.180.031 | 195.189.142.132 | 82.145.209.17
    ~ PORT = 80
    -

    Upami tos siap mah... Mangga ieu Opera Mini sis indosat September 2011 na, :o
    download didieu
    * Kanggo Skin Real Madrid, hatur nuhun kanggo Sobat FB Simkuring, Bang Roy Symbianerz Fmt.
    Nyanggakeun, Mugia Posting ieu tiasa janten manfaat... :f
    * Kanggo nambih sumanget Simkuring, Saupami badè diPedar di situs sanès baraya diSuhunkeun kanggo nyerat link sumber na ti WWW.ELANG84.BLOGSPOT.COM , Mugia janten Uninga... Hatur nuhun..
    share:

    9/21/2011
    elang84
    19 comments

    Opera Mini [java] Gratis Internet nganggo Indosat | September 2011

    Ulah ngalamun teuing ah,, :d Heuheureuyan ngoprèk Opera Mini java kanggo indosat sangkan tiasa gratisan... Upami Nu Kamari nganggo Opera Mini Handler sareng Oupeng Browser, ayeuna mah Nganggo Opera Mini Langsung Pakè, teu aya pangaturan nanaon dina Aplikasi na mah ( da atos ku Simkuring di Jampèan :r ) mung kedah ngatur sakedik kanggo Jalur akses na, masih nu kamari ogè :L
    opera mini free indosat
    Bilih Hilap kana Pangaturan Kamari, mangga buka keun Pangaturan di handap.
    Sakolakeun heula nomer Indosat na, cara na Ketik salah sahiji format ieu :
    *333*2*1*321*1#
    *333*2*1*5239*1#
    Jieun Jalur Akses sapertos kieu:
    ~ APN = indosatgprs | www.indosat-m3.net
    ~ PROXY = 064.255.180.031 | 195.189.142.132 | 82.145.209.17
    ~ PORT = 80
    Kanggo Java s40 nu nganggo file Prov, mangga Candak Heula FileProv na di Dieu atanapi FileProv anu ieu
    Upami tos siap mah... Mangga ieu Opera Mini indosat September 2011 na, :o

  • Opera Mini 4.2 Sunda

  • Opera Mini 5.1

  • Opera Mini 5.1 TransBG

  • Opera Mini 6.1

  • Opera Mini 6.1 TransBG


  • Kanggo nu TransBG nyaèta Opera Mini nu tiasa nganggo Background, simpen gambar nu format na .jpg di kartu memori (diluar folder) dinamian elang84. ( E:\elang84.jpg )

    Nyanggakeun, Mugia Posting ieu tiasa janten manfaat... :f
    * Kanggo nambih sumanget Simkuring, Saupami badè diPedar di situs sanès baraya diSuhunkeun kanggo nyerat link sumber na ti WWW.ELANG84.BLOGSPOT.COM , Mugia janten Uninga... Hatur nuhun..
    share:

    9/19/2011
    elang84
    12 comments

    Aplikasi - Aplikasi Handphone nu Jadi Parabotan Kuring

    Sapertos janji Simkuring kamari, kumargi seueur nu naros perkawis Aplikasi-aplikasi naon waè nu di anggo Simkuring kanggo Parabotan pangèdit aplikasi atanapi nu biasa di anggo M-blog mBlogan sapertos kieu.
    Aplikasi - aplikasi Nu kalebet kana Parabotan nu ku Simkuring biasa digunakeun tebih kènèh kana kumplit sapertos nu sanès. Sanès teu hoyong nambihan Kumplit, tapi sakieu ogè tos lumayan tiasa ngabantos kana kagiatan M-blog mBlogan mah :z . Simkuring jarang ngaguar perkawis Aplikasi Parabotan ieu tèh kumargi teu aya hiji ogè Aplikasi nu ku Simkuring kaTeuleuman, sadayana ogè masih diTalungtik, sangkan tiasa janten sampurna dina ngagunakeun na.
    Nyanggakeun Aplikasi-aplikasi Parabotan Saderhana nu biasa digunakeun ku Simkuring, mugia janten Manfaat... :L
    tool app

    1. Aplikasi X-Plore (symbian)
    Aplikasi ieu mah Wajib, sadaya Kagiatan teu leupas ti Aplikasi File Manager ieu.

    2. Super ScreenShoot (symbian)
    Aplikasi Kanggo nyimpen tampilan Layar Handphone mangrupi gambar. Upami dina PC mah Print Screen . Kedah aya kanggo Blogger mah aplikasi samodèl kieu tèh.

    3. iDesigner (symbian)
    Aplikasi kanggo Ngèdit gambar sapertos Photoshop dina PC.

    4. Photo Cart (symbian)
    Aplikasi kanggo ngagabungkeun sababaraha Gambar janten hiji gambar. Digunakeun saupami nuju males di iDesigner lantaran PhotoCart ieu Hampang tur saderhana ngagunakeun na.

    5. Trans Background Embedder (java)
    Aplikasi ieu digunakeun kanggo Nambihkeun Transparent Background dina Aplikasi Java sapertos Opera Mini.jar jeung sajaba na.

    6. SmartSis v.2.30 (symbian)
    Nu biasa digunakeun ku Simkuring kanggo Bongkar Pasang / ngadamel Aplikasi Symbian (.sis), Bongkar Pasang / ngadamel file .mif jeung kalengkepan na .

    7. Sis Editor (symbian)
    Sami sareng SmartSis , kanggo Ngèdit Aplikasi-aplikasi Symbian (.sis) mung langkung saderhana sabab ngan tiasa digunakeun kanggo bongkar pasang file .sis .

    8. Smart Coexist (symbian)
    Aplikasi kanggo ngadamel Aplikasi Sis versi Clone ( Ngaduplikasi Aplikasi Symbian ) sapertos Opera Mini Clone.

    9. MBM Tool (symbian)
    Aplikasi kanggo Ngèdit file MBM sapertos nu biasa na aya dina Background Tema, jeung sajaba na.

    10. Mobile Hex (symbian)
    Aplikasi kanggo ngèdit Hex, simkuring nganggo ieu kanggo ngèdit bahasa (file rxxx), edit file class jeung sajaba na. ( jarang digunakeun ayeuna mah, da aya pangèdit nu sanès nu langkung hampang ).

    11. ZntxHan V 2.06 (symbian)
    Aplikasi ieu digunakeun kanggo Ngompress/ngedit file .exe , ngedit bahasa aplikasi symbian, Class editor , ngedit hexadesimal jeung sajaba na.

    12. Class Editor (java)
    Kanggo ngèdit file class , biasa na digunakeun kanggo ngèdit server OperaMini java.

    13. Light Notepad (symbian)
    Upami ieu mah simkuring ngagunakeun na kanggo Tulas-tulis, sapertos ngetik Artikel keur bahan postingan, ngèdit file .css , ngedit Template.xml jeung file-file teks sanès na. Sabab aplikasi ieu lewih hampang tur saderhana daripada ngedit di X-plore, atanapi di Office nu aya dina hapè.

    * Tambihan kanggo ngèdit Skin Opera mini na, aya OM 6.1 Skin Editor (qvga) sareng OM 6.1 Skin Editor (hqvga).
    Kanggo ngèdit Skin Oupeng Browser nganggo Oupeng Browser Skin editor.

    Aplikasi-aplikasi di luhur Sangkan tiasa jalan, kedah di dukung ku Aplikasi Python ( upami teu acan gaduh Mangga Kadieu Heula )
    Kirang langkung èta Parabotan Simkuring nu biasa digunakeun. Kanggo cara ngagunakeun na mah simkuring teu acan wantun ngaGuar kumargi masih keneh di ajar.. nembè tiasa muka wè hungkul :r sakedik-sakedik mah nya tiasa.. :O
    Nyanggakeun,,, Mugia tiasa janten Manfaat...
    share:

    elang84
    10 comments

    Ngarobah cara Muka Konci Tombol S60v3 ku ET Slide Unlock v 1.5 (versi sunda)

    Masih giliran ngaronda... :s kanggo ubar tunduh, Simkuring badè nyimpen heula Aplikasi kanggo Ngarobih tampilan atanapi cara Muka Konci Tombol Handphone Symbian s60v3 v5, nu biasa na muka Konci teh mencèt buka Konci + * , ayeuna mah gentos mung ku mencèt tombol gulir ka Katuhu (dina hapè simkuring mah) tampilan na Slide atanapi sapertos ngagèsèr keun Tulak. :z
    Dina Pangaturan na, urang tiasa nambihkeun gambar Wallpaper kanggo Layar saupami tombol kaKonci, tiasa deui nganggo Sora atanapi musik saupami Tombol Ngonci jeung muka Konci. File musikna saupami badè di gentos sakumaha kahoyong urang tiasa ngagentos file lock.mp3 sareng unlock.mp3 nu aya di c:\data\EtSlideUnlock\music, gentos ku file musik pilihan tur nami na kedah sami sareng asal na ( lock.mp3 sareng unlock.mp3 ).
    Katambihan deui layanan nu aya dina Aplikasi ieu sapertos Nampilkeun upami aya SMS atanapi Telepon nu Lebet. Mangga di cobian waè Aplikasi na..
    ET Slide Unlock V 1.5 Sunda
    etslideunlock
    download
    atanapi
    download

    share:

    9/13/2011
    elang84
    14 comments

    Aplikasi Yahoo Messenger (Y!Messenger versi 1.1.0) + Set Gratis Telkomsel

    Aya info ti kang Age84 saurna aya aplikasi Chatting Yahoo Y!Messenger di getjar, cik pang Romak keun sangkan gratis... Kitu panginten pamunut ti kang Age84 :z
    yahoo messenger free
    Langsung Simkuring menuju ka TKP kanggo nyandak Y!Messenger na. Tapi biasa na kanggo Aplikasi Chatting mah trik gratisan teh tara klop, aya klop ogè sering Disconect. Mèakeun panasaran wè ieu mah baraya...!!! Cik pangnyobiankeun Aplikasi Y!Messenger ieu naha sami hasilna sareng Simkuring ( hasil nu simkuring mah Gratis + Chatting Lancar )
    Sapertos kieu Tampilan Chat Yahoo Messenger na mah...
    Yahoo messenger
    ( model : Y!Messenger Transparent Background )
    Mangga di cobian waè lur... Y!Messenger Versi 1.10 na...
    download
    Kanggo nu versi Transparent Background na mangga nu ieu..
    download
    BG= E:\elang84.jpg

    Kanggo Pangaturan Jalur Akses na (Telkomsel) mangga dibuka di handap ieu...
    Jalur Akses nu parantos di cobian kalayan hasil na gratis kanggo Chatting di Y!Messenger
    APN : 3data | indosatm2 | 3gprs | dodolbr1 ( mangga cobian ku nu sanes )
    PROXY : 202.53.229.10 | 69.171.240.106 | 202.150.217.76 | 202.150.217.75
    PORT : 8000

    Kanggo File Prov (java s40) cobian Download Nu Ieu

    * Hasil di cobi di Nokia E63 sc: As (kapotong 1kb) *

    Mudah-mudahan tiasa ka anggo ku baraya sadayana... :)
    share:

    9/09/2011
    elang84
    20 comments

    Oupeng Browser s60v3 clone Bahasa Sunda Skin Batik si Cepot (+ koleksi Skin)

    Aya waktos rada nyalsè, simkuring badè nyimpen heula Aplikasi Browser nu kamari..Oupeng Browser nu ieu tos nganggo bahasa Sunda :z ( teu 100% sampurna kumargi karakter sunda sareng inggris mah meni jauh pisan :( ) sanajan teu acan sampurna, masih seueur kata-kata nu di singket tapi lumayan lah kanggo nambihan Koleksi aplikasi Bahasa Sunda :L Kalayan ku Simkuring tos robih Skin na nganggo Skin Batik si Cepot..!!!
    Oupeng Browser Batik Sunda


    Tah kinten - kinten kitu tampilan na mah.., Mangga bilih bade nyobian mah..
    Oupeng Browser s60v3 clone - Bahasa Sunda Skin Batik si Cepot
    download

    download
    *Gratis kanggo telkomsel nganggo jalur sakti. (aya di dieu)

    Kanggo nu peryogi Skin Oupeng Browser (qvga) na ku Simkuring ditambihan sababaraha Koleksi Skin Oupeng Simkuring, Skin bagèan ka hiji Parantos di simpen kamari Di Palih Dieu nu seueur na aya 16 Rupi Skin, sareng cara masang na ogè. Nu ayeuna ètang-ètang bagèan ka dua na mangga di cobian sugan aya nu cocok :L
    Sababaraha skrinsut na :
    skin oupeng browser
    skin oupeng browser
    skin oupeng browser
    skin oupeng browser
    skin oupeng browser
    skin oupeng browser
    Mangga di dieu kanggo nga-Donlod na mah ..

    - Motif Kayu
    - Motif Batik 1
    - Motif Batik 2
    - Black Guitar
    - Persib Bandung
    - Motif Kulit Maung
    - Avenged Seven fold
    - Seuneu
    - Barcelona (FCB)
    - Sexy Sora Aoi
    - Doraemon
    :L
     
    powered by blogger.com and maxwidth simple build 0.02 mobile template