| share: 10/11/2011 |
elang84
No comments
|
Ngadamel Catetan Facebook Bergambar
Aya sakedik catetan kanggo dinten ieu, da bongan tadi aya Sobat simkuring tumaros kumaha cara ngadamel catatan Facebook bergambar. Simkuring bingung, ma'lum tos tara ngoprèk facebook, meureun ninggal catetan-catetan simkuring makè aya gambaran sagala... Padahal catetan simkuring mah mung Update Blog Simkuring nu otomatis janten Catetan Facebook.
Cara ngajantenkeun Postingan Blog mangrupi catetan Facebook, tos di catet ku Dulur simkuring Kang Agus ductank dina Postingan na Tips sederhana import blog ke catatan Facebook.
Tapi saupami teu gaduh Blog, atanapi ngahaja hoyong ngadamel catetan Facebook nganggo Gambar, cara na mung sakedik... Da gening catetan Facebook tos ngadukung kode HTML ( tinggaleun info :r nu tos terangeun pasti seuseurian :O )
- Jieun Catetan Facebook, teras eusikeun kode HTML sapertos kieu:
Kanggo nambih gambar (copas wè kode dilebet ieu, teras robih URL gambar na) :
Upami badè nambihan link, kode na sapertos kieu:
Upami badè nambihan link bergambar ( gambar nu nganggo link ka alamat tertentu :
Tah, sakitu heula catetan simkuring dina danget ieu... Mugia aya Manfaat na... ;)
| share: 7/13/2011 |
elang84
4 comments
|
Mobile Facebook Gratis Tilu Bulaneun | +Facebook by Snaptu free GPRS TransBG
Upami teu percanten, cobi Baca Pengumuman Resmi na nu ieu. :z nu intinamah mobile facebook tiasa gratis GPRS kanggo sababaraha Operator seluler di sababaraha Nagara. Conto na di urang, gratis kanggo nu ngagunakeun Telkomsel, Three, Indosat, jeung Smartfren. Aplikasi na mah cobian ka d.facebook.com/install (posisi tos login FB).
Tah sakitu pengumuman ti Simkuring. Lajeng kana Hiji Aplikasi na nyaèta Facebook by Snaptu nu masih tiasa Gratisan.. :z yeuh buktosna.. :L
Langsung waè atuh bilih teu acan gaduh Facebook by Snaptu na tiasa di candak di handap.
Upami hoyong anu nganggo Background sapertos screenshoot di luhur, mangga anu ieu
Facebook by Snaptu Free GPRS transBG
Sambungkeun nganggo jalur akses standar..
| share: 4/20/2011 |
elang84
No comments
|
Cara sangkan Koment, Jempol atanapi Update Status Facebook di Opera Mini Lancar
heuh... Gening kapanggih oge cara Facebook-an nganggo Opera Mini tanpa aya masalah... :) bisa Update Status, bisa Komentar, Ngajempolan.. Ah, poko na mah Normal.. :O ,cara ieu mudah-mudahan ka anggo ku baraya sadayana. :y mangga cobian.
- Login ka m.Facebook.com nganggo Opera Mini tangtosna. :D
- Saparantos aya di Beranda, lebet ka Situs Lengkap. Upami teu aya, edit URL ku cara mencet # 1 . Gentos tulisan alamat FB na nu asal na :
m.facebook.com/home.php.......
Janten :
www.facebook.com/home.php........
teras Kunjungi / Go
- Hasilna urang tiasa muka Situs Lengkap FB, [catetan: Mobile View / Tampilan Ponsel dina pangaturan Opmin teu di centang]
- Saparantos aya di Situs Lengkap, klik Beranda / Pemberitahuan atanapi nyerat Status. nu Muncul, urang di piwarang Login deui. Login deui we... :O centang Biarkan saya tetap masuk supados teu login deui ka payuna.. :) ,, teras Login.
- Hasilna urang dicandak deui ka Situs Seluler, mangga wilujeng ngadamel Status, Koment atanapi Ngabagi Rebuan Jempol. :O
Mudah-mudahan lancar... Ulah hilap ngariung di Riungan nu Burung v2. :O .
| share: 3/29/2011 |
elang84
No comments
|
Facebook gratis nganggo Facebook by Snaptu
:z
Tuh,, tinggal Free from Telkomsel ;)
:z Tos ulah dilamikeun deui,, Download waè lang sung.. :L
Facebook by Snaptu [zip]
Facebook by Snaptu [jar]
Atanapi langsung ti Snaptu na langsung.. :z
| share: 3/23/2011 |
elang84
3 comments
|
Chatting Gratis T-Sel nganggo eBuddy v 2.2.0 Handler
Ayeuna Simkuring bade nyobian ngaguar cara ngatur Handler kanggo eBuddy Handller Gratis tSel, anu sateuacanna parantos di guar kamari dina eBuddy Versi 2.2.0 handler mung kanggo pangaturan na nembè ayeuna badè di guar (kanggo Telkomsel) :c
:z Tah, kanggo ngalebetan pangaturan na... Mangga... Perhatikeun nu Handap.. :z
:O
SETTING HANDLER eBUDDY T-SEL
ATUR MENU HANDLER eBuddy SAPERTOS KIEU :
Front Query: get.citrongo.com@
atawa: reg.citrongo.com@
Centang Remove Port
Proxy Type: Host
Server: get.citrongo.com@
Koneksikeun nganggo jalur akses standar T-Sel
nu Sanès na cul wèh antep keun..
:D
MUGIA LANCAR TUR MANFAAT... :v
parantos di cobi nganggo E63 kalayan SC Telkomsel...
| share: 3/22/2011 |
elang84
No comments
|
Theme Facebook s60v3
Ngan saukur bisa ngahuleng ari Facebook keur error waè mah... Heuh.. :( tambah teuing kesel, manggihan tèma nu nampilkeun suasana Facebook kanggo Handphone seri E. Mangga cobian... :z
:c
:v
DOWNLOAD FACEBOOK THEME
:k
| share: 2/01/2011 |
elang84
No comments
|
Ciri Jalmi nu tos Kacanduan Facebook
FACEBOOK deui....FACEBOOK deui.... mèmang facebook mah sapertos Udud atawa narkoba...ngakibatkeun urang kacanduan...
mun sapoè teu muka Facebook tèh sakau,,, asa leuleus... Asa aya nu kurang jeung asa boga hutang...
Aya sababaraha ciri jalma nu geus kacanduan Facebook nu parah...
-#-. Ngatur halaman utama (homepage) aplikasi browser dina komputer atawa hapè ku alamat Facebook. Jadi mun muka internèt tèh langsung Kabuka halaman Facebookna.
-#-. Update status facebook minimal 3x sapoè ènjing-ènjing, siang sareng wengi,,, ari kana mandi mah kaliwat... malahan sok ditambahan ku tautan atawa nulis dina dinding batur bari teu penting ogè.
-#-. Getol ngajempolan sareng ngomentaran status batur bari teu nyambung ogè, da ngarepkeun nu diKomentaran malik mèrè komentar ka status urang....
Beuh.... Atuh ari kitu mah teu ihlas nya komentar tèh,??? komo mun sakali batur teu komentar ka status urang, sok jadi pundung...
-#-. Balad atawa teman tos langkung ti ètangan ratusan... Nu kumaha gè di jadikeun teman, bari tukangeun mah di omongkeun gorèng...
-#-. Dina kartu nama makè èmbèl-èmbèl èmail atawa alamat facebookna. Terus di sebarkeun di tempat nu ramè saperti di pasar, sajajalaneun ka masigit, atawa cocorètan nulis alamat èmail & facebook dina wc umum, tatangkalan di sisi jalan, dina gerbong karèta atawa di jero angkutan umum. Make format : add my facebook
-#-. Mun milih hapè nu rèk di beuli, kudu aya fitur internèt, facebook atawa opera mini. Kajeun teuing teu bisa dipakè nelepon.
-#-. Lamun panggih jeung babaturan sakola, atawa kenalan anyar,, nu ditanya tèh :'' boga facebook teu??naon ngaranna???''
beu... èmangna facebook tèh KTP...??
-#-. Teu kaur nempo batur ngobrol, sok langsung waè ngacungkeun jempol kanu irung batur nu keur ngomong. Bari ngomong :''menyukai status anda!!!'' ngalèos deui wè geus kitu mah...
-#-. Teu kaur ninggali batur nu diuk cicing atawa mun papanggih di jalan, curuk na sok langsung noèl terus ngaharèwos '' colèk kembali atawa hapus??'' bari terus ngalèos .
-#-. Milu jadi anggota grup lewih ti 10, bari unggal waktu nulisan dinding na keur nèangan perhatian... Terus nyieun grup sorangan Da hoyong di sebut artis FB.
-#-. fofotoan sorangan bari dungdak dèngdèk... Ngarah kaciri gaya, terus di upload ngarah unggal poè gunta ganti foto profil.
-#-. Sering bergadang, teu bisa sarè beurang kènèh... pagawèan nagog di hareupeun layar komputer atawa leungeun teu leupas dina hapè, nepi kasarèan.... bari facebook mah angger onlen.
-#-. Samèmèh sarè lain ngado'a... Tapi nyieun heula status : ''LOGOUT'' atawa ''OFF DULU FLEND''
-#-. Hudang sarè kabeurangan waè... Beunta bari gegerenyem lain ngado'a tapi macakeun èmail login facebook jeung passwordna, bari cengkat ngagorowok ''LOGIN''.... Terus nuluykeun facebook, nulis status : "ya... Ampuuun dagh cyang nech plend... mana ada janji ma dukun agy..!!''
-#-. unggal indit-inditan pasti we nulis status : '' OTW.... Pacilingan ''.
-#-. Pastina maca tulisan ieu ogè bari muka facebook, da nembè ngomentaran, ngajempolan Atawa nulis status, leres nya????
-#-. Tos kitu, terus sèsèrèngeh olangan siga nu rumaos.... Bari rurusuhan maca na da rèk ngahapusan aktivitas dina dinding, ngarah katinggal na jarang muka facebook. Tapi teu jadi da isin....
-#-. Terus kerung, bari gogodeg... ''Naha bisa apal nya ???? ''.
-#-. tapi ahirna mah baraya teu paduli kanu tos dibaca di luhur... neraskeun deui hanca facebook na sapertos biasa, teu ngèmut keun deui nanaon....
Naon margi na????
Mung hiji waleran na mah....
"TOS KACANDUAN FACEBOOK"
| share: |
elang84
No comments
|
Cikal Bakal Ngadegna Group 'RnB'... Riungan nu Burung
Sakilas Cikal Bakal (sajarah) ngadeg na Group Riungan nu Burung
Sakilas cikal bakal ngadeg na Grup 'RnB'..Riungan nu Burung.kirang langkung kieu...!!!!
Saparantos duk-dek, di status, lumpat ka Grup itu, grup ieu, di lebet Facebook. Dina dinten Ahad Wage, kaping 31 Januri 2010, Kang Tatan Apoey, Kang Dimaz PK, Elang Putra , disarengan ku kang Samsudin (sam's) ,teu hilap Nyi 'ratu' Teh Ndah ( bojo kang tatan) oge ngiring nyarengan,
Ngariung di Saung Cigendel, nu tempatna di Sindang Wana Cigendel nu aya di jajalaneun Bandung-Sumedang, KopDar carita na mah, sagala dihuapkeun bari ngawangkong Ngaler ngidul teu kulon teu wetan-wetan acan, teu catur komo
carita, lengoh mulang sewang-sewangan.
Taya ka kapok, sono nu aya, bring deui rada euyeub ngajugjug hiji lembur, tutugan kota Sumedang, lembur Darmaraja lebahna, Nyeta ka padumukanna Kang Andri
Sandoel., Katambihan ku Kang Hendry Baksilles, Sareng Denny Scooter ... Adu renyom, nyiar carita guntreng taya hasil.
Guligah asa hariwang lamun urang jogol di buruan batur. Sawatara kitu, aya gerentes dina manahna sewang-sewangan, kumaha lamun urang nyieun Imah sorangan (group).
Ngacung paluhur-luhur ''satuju''..... sapuk .... ngiringan wae kumaha saena... sa hate satujuan.
Usul ngusulkeun, naon pingaraneun eta imah, sungsong ngiwir-ngiwir catetan,, sabot keur mikir,, Aya japati mawa surat,, kieu eusina teh:
''Mugia bahan katampi ngiring
ngemutan, kumaha upami eta ngaran Imah teh '' Riungan nu Burung '', mangga nyanggakeun bahan emutan dulur sakalih.....''
Tawis Asih ti Kang Rhizal 'Gedzul'.
Niti Wanci Nu Mustari.... Ninggang mangsa Nu Utami, Cindekna Salasa Wage kaping 2 Maret 2010 " RnB " ( Riungan nu Burung ). Sapuk dijadikeun Wadah Silaturahmi pikeun dulur-dulur nu resep Banyol, Ocon, jeung sajabana
| share: 1/31/2011 |
elang84
No comments
|
Aplikasi Bookmark Facebook Gratis

Duh, tos rada telat ieu informasi teh,,, perkawis fitur Facebook nu nami na Facebook Zero, nyatea versi nu langkung alit ti m.facebook.com atanapi facebook Mobile.
Kalewihan facebook zero ieu teh nyeta gratis alias teu mayar kanggo Operator nu tos kerjasama, di urang mah nu tiasa teh, sapertos Telkomsel, Axis, Three,,, Xl oge saurna bade nganggo.
Benten na sareng m.facebook salian gratis oge akses na langkung gancang margi saukur tulisan atanapi text nu di tampilkeun, saupami bade ninggal foto mah urang bakal keuna potongan pulsa internet alias mayar.
Upami ukur update status, koment teu sareng muka foto mah gratis...tis...tis....
Kanggo ngagunakeun layanan ieu kantun akses wae :Mung muka na kedah nganggo browser asli candakan hape na teu tiasa nganggo opera mini sareng sajabina...
Tah, ku kitu na, simkuring bade masihan aplikasi Facebook gratis nu sapertos di luhur, janten kantun muka aplikasi na tos langsung tiasa facebook'an gratis....
Mangga download di handap ieu....
Download Bookmark Facebook Gratis.
Tambihan sakedik, kanggo Facebook gratis tapi teu ngadownload Aplikasi Facebook Gratis di Luhur, salian tiasa ka http://zero.facebook.com dina browser candakan hape, Tiasa oge ku cara ngadambel deui Jalur Akses anyar, teras ngatur :
alamat Proxy : 69.63.189.16
Port : 80
Mugia Manfaat....!!!!
elang84