permalink 4/04/2011 |
![]() ![]() |
Cara Nambihkeun Efek Tema pikeun Tampilan Handphone Symbian langkung Atraktif
Kastor Theme Effects, tah ieu yeuh nu tiasa masihan efek hirup / bergerak dina handphone symbian urang... :z ,kanggo screen shot na, kirang langkung kieu.. ( upami tos di pasang mah langkung saè :) ).

aya buricak - burinong :O

Aya daun hiber.. :@

Aya deui nu efek daun sampeu kitu èta teh?? :O , jeung sajabina...
- sateuacanna kedah masang heula Python sareng kulawargi na, upami atos aya Python mah lajengkeun wèh..
- Download tur Pasangkeun Theme Effects (FP1), efek nu dipasang badè sadayana atanapi default hungkul gè teu sawios-wios.
- Download teras Pasang Generator Fullkastor.
*masangna tiasa di E:\ atanapi di C:\ ,kumaha Python na dipasang dimana.*
- Saterasna buka Generator Fullkastor, kanggo ngadambel Patch FullkastorEnable.rmp. *upami tos sukses, Patch FullkastorEnable.rmp aya di drive C:\ ,*
- Pindahkeun FullkastorEnable.rmp ka E:\Patches(didieu).
*aplikasi Generator Fullkastor tiasa di hapus deui*
- Buka RomPatcher + kanggo nga- Apply sareng nga- Add to Auto Patch FullkastorEnable.rmp
, Teras Restart Handphone na.
- Upami tos hurung deui handphone na, teras buka Tema - Umum teras klik Pilihan - Efek Tema teras pilih Aktif.
Raosan Tampilan Handphone nu nge-Jrèng dina efek Tema... :v :k
Kanggo ngagentos Efek, kantun ka C:\Resource\Skins\101f84b9 upami teu aya folder 10f84b9-na, copy heula di E:\Data\Styles\.
upami waktos masang Theme Effects-na dipasang sadayana, bakal aya kirang langkung 6 file di lebet folder 101f84b9. Anu aktif nuju dianggo nyaèta file 101f84b9.sel. Cobian wè gentos ku nu sanes na, kucara ngagentos nami file na janten 101f84b9.sel (tilasna gentos ku nami sanès/bebas).
Pareuman efek tema, teras Aktifkeun deui... :z
Mudah-mudahan ka anggo ieu catetan na.. :$
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
9 komentar:
using z:\sys\bin\euser.dll and gfxtransadaptor.dll
salajeungna aya tulisan deui
Patch saved to c:\fullkastorenable.rmp
Ku abi tos d pilarian deui d c, tp teu aya... Tras d c teh abi ninggal aya patcho.bin sareng patc.bin mung waktos d buka aya tulisan tidak d dukung..
Janteun kumaha kang??? Punten seueur naros.. Bingung tur panasaran tea atuh da... Heheheheh nuhun sateuacanna...
Posting Komentar