Daftar Eusi Blog

wilujeng sumping
Simpan » Diposting oleh elang84 » 4/04/2011 »
permalink

4/04/2011
elang84
9 comments

Cara Nambihkeun Efek Tema pikeun Tampilan Handphone Symbian langkung Atraktif

Saparantos ngoleksi Theme, asa kurang lengkep upami teu di tambihan nganggo Efek Tema / Theme effects, nyaèta Efek - efek tampilan nu nambih kaèndahan kanggo Handphone Symbian, nu ayeuna badè di guar ku simkuring mah kanggo e63 (s60v3 / FP1).
Kastor Theme Effects, tah ieu yeuh nu tiasa masihan efek hirup / bergerak dina handphone symbian urang... :z ,kanggo screen shot na, kirang langkung kieu.. ( upami tos di pasang mah langkung saè :) ).
theme effects e63
aya buricak - burinong :O
sakura
Aya daun hiber.. :@
maryuana
Aya deui nu efek daun sampeu kitu èta teh?? :O , jeung sajabina...
Langsung kanu cara na nya...?? :z
- sateuacanna kedah masang heula Python sareng kulawargi na, upami atos aya Python mah lajengkeun wèh..
- Download tur Pasangkeun Theme Effects (FP1), efek nu dipasang badè sadayana atanapi default hungkul gè teu sawios-wios.
- Download teras Pasang Generator Fullkastor.
*masangna tiasa di E:\ atanapi di C:\ ,kumaha Python na dipasang dimana.*
- Saterasna buka Generator Fullkastor, kanggo ngadambel Patch FullkastorEnable.rmp. *upami tos sukses, Patch FullkastorEnable.rmp aya di drive C:\ ,*
- Pindahkeun FullkastorEnable.rmp ka E:\Patches(didieu).
*aplikasi Generator Fullkastor tiasa di hapus deui*
- Buka RomPatcher + kanggo nga- Apply sareng nga- Add to Auto Patch FullkastorEnable.rmp
, Teras Restart Handphone na.
- Upami tos hurung deui handphone na, teras buka Tema - Umum teras klik Pilihan - Efek Tema teras pilih Aktif.
Raosan Tampilan Handphone nu nge-Jrèng dina efek Tema... :v :k

Kanggo ngagentos Efek, kantun ka C:\Resource\Skins\101f84b9 upami teu aya folder 10f84b9-na, copy heula di E:\Data\Styles\.
upami waktos masang Theme Effects-na dipasang sadayana, bakal aya kirang langkung 6 file di lebet folder 101f84b9. Anu aktif nuju dianggo nyaèta file 101f84b9.sel. Cobian wè gentos ku nu sanes na, kucara ngagentos nami file na janten 101f84b9.sel (tilasna gentos ku nami sanès/bebas).
Pareuman efek tema, teras Aktifkeun deui... :z

Mudah-mudahan ka anggo ieu catetan na.. :$


Reaksi:

9 komentar:

lim Said.
kang elang naha d hape abdi mah theme effects na teu tiasa d instal, tiap d instal aya kterangan file ini sudah terinstal, kmha tah?
Elang84 Said.
@lim , waktos masang anu mana eta? Tos kapasang berarti... Kantun di aktifkeun sigana mah...
lim Said.
nu theme effects (fp1),, pas d instal aya ktrangan file ni sudah terinstal,pdhl sme2h na abdi teu acan prnah nginstal theme effects(fp1), hp abdi N5730
Elang84 Said.
@lim , cobi we parios di manager aplikasi tos aya teu acan, atanapi di teraskeun dipasang oge teu nanaon, teraskeun we ka langkah salajengna.
Adung Said.
@Elang84
Adung Said.
Kang elang,kumaha ieu abi tos nyobian nga instal theme efect na tp naha pas nginstal nembe jln 1/2 kaputus laporana tidak dpt memasang pdhl tos di signed,,hp abi 5320 tiasa teu kang di pasang di 5320..??
Adung Said.
ath naha nya di folder C:\Resource\Skins\101f84b9 teu aya bade ngopy di foder E:\Data\Styles\ teu aya oge,,aduh bingung euy kang
anodz Said.
kang bade tumaros... Upami fullkastorenable.rpm naha teu aya d c???? Tp waktos ka fullkastorna mah aya keterangan disimpen d c... Nuhun kang
anodz Said.
kang... Atos d cobian d psang ulang python na, tp msh sami kawas kmari.. Yen waktod fullkastor d buka aya tulisan

using z:\sys\bin\euser.dll and gfxtransadaptor.dll

salajeungna aya tulisan deui

Patch saved to c:\fullkastorenable.rmp

Ku abi tos d pilarian deui d c, tp teu aya... Tras d c teh abi ninggal aya patcho.bin sareng patc.bin mung waktos d buka aya tulisan tidak d dukung..

Janteun kumaha kang??? Punten seueur naros.. Bingung tur panasaran tea atuh da... Heheheheh nuhun sateuacanna...
 
powered by blogger.com and maxwidth simple build 0.02 mobile template