permalink 9/15/2011 |
![]() ![]() |
Sasakala Kakalayangan Ngalalana na Alam Maya

Di ngawitan Kuring gaduh Hapè tos resep internètan (Nge-nèt ceuk barudak ngora mah) karesep na nga downloadan permainan(game), sapopoè anteng maèn game... Ngarasa kahirupan di alam nyata gening balueng jenuh teu puguh, Kuring mimiti resep Facebook, nepi ka Kuring Kacanduan Facebook. Di Facebook karesep na heureuy, dugi ka gaduh Grup di Facebook husus keur nu resep Banyol, Alhamdulillah ti èta Grup tèh simkuring janten nambih baraya. ( Sakantenan Simkuring ngajak ka Baraya nu kaleresan maca kanggo Gabung di Group Riungan nu Burung. Sangkan Silaturahmi urang langkung rakeut sanajan bari heureuy, banyol tapi manfaat silaturahmi na saè insyaAlloh...)
Ti Grup RnB èta simkuring ngempelkeun carita-carita Bodor Sunda, harita bingung dimana nyimpenan inbok Dongeng Bodor sangkan tiasa di baca atanapi di Arsipkeun carita na mah... Nya nyobian ngadamel Blog bari teu ngarti nanaon ogè, Blog nu mimiti di damel tèh www.heureuysoenda.blogspot.com, jadi mah jadi ngan teu mernah da puguh teu ngarti nanaon kana Blog. Dugi kiwari èta blog teuing kumaha nasib na :r di antep wè...
Nyerah dina Blog kusabab Parabotan ngan saukur dina Hapè, simkuring nyobian ngadamel WapSite da cenah pas kanggo hapè mah. WapSite nu mimiti kajieun http://elangputra84.hexat.com teras aya deui http://ep84.xtgem.com, nu eusi na Balakacipruth teu pararuguh. Tiap ngadamel situs pasti nganggo Bahasa Sunda, lain Kuring ahli seni sunda atawa rèk ngamumulè kiSunda sabenerna mah.. Tapi asa kararagok ari nganggo bahasa Indonèsia tèh, komo bahasa ingris mah da teu ngarti.. :O . Ngareunah ari nganggo bahasa sapopoè mah.. Asa bèbas,,, Kantos nyobian ngadamel versi Indonèsia na ogè mung teu di teraskeun.. Kalakah lieur geningan deuh.. Da niat ulin di Alam Maya tèh lain keur nèangan kalieur, tapi nèang pangabisa..
Di Wapsite Simkuring kenal sakedik-sakedik kana kode HTML jeung cara nyimpen file, dipikir-pikir lumayan kanggo nyimpenan file daripada numpuk dina Kartu Memory nu tos eungapeun :D
Hiji Mangsa Kuring aya nu mèrè aplikasi Opera Mini Gratis kanggo Telkomsèl, da can pernah kuring harita Internètan teu mayar. Panasaran dimana asal na èta Opmin nepi ka bisa teu mayar sagala, saparantos dibongkar gening Sumber na tèh di www.bagas96.blogspot.com, hmmmm....
Harita kuring mimiti ninggali aya Blog tampilan na pas dina Hapè, nu tadi na hayang ngulik Aplikasi na tapi kalakah kabita ngadamel Blog deui (di Blogspot). Da gening Kang Bagas96 mah Ahli kana perkawis Blog, husus na Blog kanggo Hapè. Nya ngadamel deui Blog ku akun anyar, da puguh Blog nu baheula mah geus poho asup na ogè :k , di mimiti nyandak Template Mobile na katambih sakedik catetan kuring dina ngawangun Halaman Web ku kode HTML.. kajieun wèh www.elang84.blogspot.com nu eusi na mah angger wè Pabaliut, Balakaciprut, teu puguh jug-jugan. Naon baè nu kapanggih ku Simkuring pasti di simpen janten Catetan di blog. Kusabab unggal dinten ngan mencètan Hapè, nya eusi catetan na ogè teu jauh masalah hapè :z . Tapi keun baè deuh bari na ogè ieu Blog lain blog enyaan.. Da ieu mah Blog Bobohongan, ngaran na ogè pan M-blog mBlogan, lain Blog beneran :r
Ngadamel Blog lain hayang Terkenal (siga artis waè :r ) atawa ngadon nèangan duit ( can nepi kadinya :O ), tapi Kuring Nyieun Blog tèh tamba teuing kesel wè, da puguh pangaresep kanu anèh-anèh tèh..
Tah kitu sasakala Kuring nyieun blog balakacipruth siga kieu tèh... :r Panjang teuing geningan nulis tèh, bari teu puguh... Karep deuh, ah.. Da Ngadongèng ieu mah.. :r
Yu.. Ah... Di lajeng.....!!!!
Wassalam....
- Nyobian ''WhatsApp'' BBM-an sapertos BlackBerry nganggo Handphone Symbian
- Ngawitan simkuring nga-Blog.
- Daftar Eusi Blog
- Sasakala Kakalayangan Ngalalana na Alam Maya
- Nampi Award ka Lima, sakantenan Ngabagi Opera Mini Spongebob s60v3
- Nampi Sakantenan Ngabagi-bagi Award Blog
- Hatur nuhun Simkuring kanggo Duduluran sareng Baraya Blog
7 komentar:
Mantaf euy
Mantaf euy
Hatur nuhun nya kang tos berkreasi kanggo baraya-baraya.
Hapunten kang lamun basa sunda abdi balepotan maklum ari abdi mah sanes asli urang sunda
Hatur nuhun nya kang tos berkreasi kanggo baraya-baraya.
Hapunten kang lamun basa sunda abdi balepotan maklum ari abdi mah sanes asli urang sunda
Posting Komentar