Daftar Eusi Blog

Simpan » Diposting oleh elang84 » 9/19/2011 »
permalink

9/19/2011
elang84
12 comments

Aplikasi - Aplikasi Handphone nu Jadi Parabotan Kuring

Sapertos janji Simkuring kamari, kumargi seueur nu naros perkawis Aplikasi-aplikasi naon waè nu di anggo Simkuring kanggo Parabotan pangèdit aplikasi atanapi nu biasa di anggo M-blog mBlogan sapertos kieu.
Aplikasi - aplikasi Nu kalebet kana Parabotan nu ku Simkuring biasa digunakeun tebih kènèh kana kumplit sapertos nu sanès. Sanès teu hoyong nambihan Kumplit, tapi sakieu ogè tos lumayan tiasa ngabantos kana kagiatan M-blog mBlogan mah :z . Simkuring jarang ngaguar perkawis Aplikasi Parabotan ieu tèh kumargi teu aya hiji ogè Aplikasi nu ku Simkuring kaTeuleuman, sadayana ogè masih diTalungtik, sangkan tiasa janten sampurna dina ngagunakeun na.
Nyanggakeun Aplikasi-aplikasi Parabotan Saderhana nu biasa digunakeun ku Simkuring, mugia janten Manfaat... :L
tool app

1. Aplikasi X-Plore (symbian)
Aplikasi ieu mah Wajib, sadaya Kagiatan teu leupas ti Aplikasi File Manager ieu.

2. Super ScreenShoot (symbian)
Aplikasi Kanggo nyimpen tampilan Layar Handphone mangrupi gambar. Upami dina PC mah Print Screen . Kedah aya kanggo Blogger mah aplikasi samodèl kieu tèh.

3. iDesigner (symbian)
Aplikasi kanggo Ngèdit gambar sapertos Photoshop dina PC.

4. Photo Cart (symbian)
Aplikasi kanggo ngagabungkeun sababaraha Gambar janten hiji gambar. Digunakeun saupami nuju males di iDesigner lantaran PhotoCart ieu Hampang tur saderhana ngagunakeun na.

5. Trans Background Embedder (java)
Aplikasi ieu digunakeun kanggo Nambihkeun Transparent Background dina Aplikasi Java sapertos Opera Mini.jar jeung sajaba na.

6. SmartSis v.2.30 (symbian)
Nu biasa digunakeun ku Simkuring kanggo Bongkar Pasang / ngadamel Aplikasi Symbian (.sis), Bongkar Pasang / ngadamel file .mif jeung kalengkepan na .

7. Sis Editor (symbian)
Sami sareng SmartSis , kanggo Ngèdit Aplikasi-aplikasi Symbian (.sis) mung langkung saderhana sabab ngan tiasa digunakeun kanggo bongkar pasang file .sis .

8. Smart Coexist (symbian)
Aplikasi kanggo ngadamel Aplikasi Sis versi Clone ( Ngaduplikasi Aplikasi Symbian ) sapertos Opera Mini Clone.

9. MBM Tool (symbian)
Aplikasi kanggo Ngèdit file MBM sapertos nu biasa na aya dina Background Tema, jeung sajaba na.

10. Mobile Hex (symbian)
Aplikasi kanggo ngèdit Hex, simkuring nganggo ieu kanggo ngèdit bahasa (file rxxx), edit file class jeung sajaba na. ( jarang digunakeun ayeuna mah, da aya pangèdit nu sanès nu langkung hampang ).

11. ZntxHan V 2.06 (symbian)
Aplikasi ieu digunakeun kanggo Ngompress/ngedit file .exe , ngedit bahasa aplikasi symbian, Class editor , ngedit hexadesimal jeung sajaba na.

12. Class Editor (java)
Kanggo ngèdit file class , biasa na digunakeun kanggo ngèdit server OperaMini java.

13. Light Notepad (symbian)
Upami ieu mah simkuring ngagunakeun na kanggo Tulas-tulis, sapertos ngetik Artikel keur bahan postingan, ngèdit file .css , ngedit Template.xml jeung file-file teks sanès na. Sabab aplikasi ieu lewih hampang tur saderhana daripada ngedit di X-plore, atanapi di Office nu aya dina hapè.

* Tambihan kanggo ngèdit Skin Opera mini na, aya OM 6.1 Skin Editor (qvga) sareng OM 6.1 Skin Editor (hqvga).
Kanggo ngèdit Skin Oupeng Browser nganggo Oupeng Browser Skin editor.

Aplikasi-aplikasi di luhur Sangkan tiasa jalan, kedah di dukung ku Aplikasi Python ( upami teu acan gaduh Mangga Kadieu Heula )
Kirang langkung èta Parabotan Simkuring nu biasa digunakeun. Kanggo cara ngagunakeun na mah simkuring teu acan wantun ngaGuar kumargi masih keneh di ajar.. nembè tiasa muka wè hungkul :r sakedik-sakedik mah nya tiasa.. :O
Nyanggakeun,,, Mugia tiasa janten Manfaat...


Reaksi:

12 komentar:

away87 Said.
alhamdulillah tos dipedar egning requesan teh.hatur nuhun kang bantosanana...hapunten pisan tos ngarepotken.
Elang84 Said.
@Nyanggakeun kang away87 , mudah-mudahan ka anggo tur aya manfaat na.. :)
Ada Ilham Said.
Wuih super lengkap atuh kang,melebihi PC itu mah....,mantap mantap mantap... :L
Deden Said.
Izin download kang,
Sugan wae abdi tiasa ngagunakeun yeu aplikasi ameh abdi tiasa jadi master jiga Akang nya :)
Elang84 Said.
@kang Ada Ilham ya masih alakadarna kang,, masih belum mahir menggunakan nya :)

@ kang Deden, sok mangga cobian mudah-mudahan akang tiasa jaen Master, tapi sanès siga Kuring.. Da kuring mah sanès Master... Moster meureun gkgkgkgk :rakadarna kang,, masih belum mahir menggunakan nya :)

@ kang D
Yusup Laskar Said.
Seueur geuning nya nu dianggona euy..
Elang84 Said.
@kang Yusup Laskar seueur ngan tacan aya hiji gè nu tiasa.. hararèsè ari geus kolot mah diajar na.. :r
away87 Said.
kang terang tempat nu caket kanggo meser batre e63 original te?
Elang84 Said.
@kang away87 kaleresan abdi gè nembè ngagaleuh batrè di rèrèncangan mung 80 rebu, tapi lumayan kualitas na mah.. Upami badè nu ori mah ka Nokia Shop(nokia oke) upami didieu mah di dangdeur aya...
away87 Said.
nyadiaken layanan upgrade te kang?kinten2 harga batre orina sbrha?
elang84 Said.
@kang away87 pangaos na mah kirang terang tah... Upami upgrade mah tetep ka Nokia Care keun.. Paling tiasa nitip hungkul, teu tiasa di antosan...
away87 Said.
oooh kitu,hatur nuhun infona kang.insya alloh akh pami aya acis tiis bade ngaluncur ka tkp.
 
powered by blogger.com and maxwidth simple build 0.02 mobile template