Daftar Eusi Blog

wilujeng sumping
Simpan » Diposting oleh elang84 » 8/03/2011 »
permalink

8/03/2011
elang84
10 comments

Best Menu v1.0 Crack jeung Cara ngagunakeun BB AutoText na


Wilujeng wayah kieu baraya...!!! Masih sumanget shaum na?? Tetep sumanget atuh nya, piraku èlèh ku hileud? :r
Simkuring nembè nyobian hiji aplikasi nu tiasa ngagampilkeun pikeun muka menu naon baè nu aya dina hape Symbian tangtosna. Saleresna ieu aplikasi tos heubeul aya na. Saurna mah nu di ''ala'' dina Aplikasi ieu tèh ku aya na layanan AutoText sapertos dina BlackBerry (padahal kuring mah teu nyaho naon ari blekberi teh? :r )
best menu
Best Menu
Tah èta nami Aplikasi na mah... Pasti tos papada apal nya. Kagunaan nu karaos ku Simkuring mah, ku tiasa na ngatur naon baè aplikasi atanapi Menu Hapè nu sok digunakeun ku urang. Sangkan saupami badè muka teu kedah kukurilingan heula ka Menu milari shortcut aplikasi/Menu nu biasa di anggo. Kantun mencèt tombol panggero (tombol hèjo/Dial) rada lami digi ka Aplikasi Best Menu ieu kaluar.
best menu
best menu
Katambah deui urang tiasa nyimpen AutoText, nu digunakeun mangrupi teks gancang saupami nyerat sms jeung sajabana. malahan saupami aksara na ngadukung mah tiasa dianggo BB-AutoText , nyaèta karakter-karakter atanapi Simbol nu biasa digunakeun ku BB.
Cara nambihkeun BB AutoText na sapertos nu aya dina gambar di luhur, kieu:
-Dina Kolom Kènca pilih anu kosong kènèh (nu eusi gè teu nanaon ) atanapi ngadamel heula nu anyar. Option > Edit Tabs | Option > New, Pèk bèrè ngaran tur icon na.
-Dina posisi Tabs (kolom Kènca ti urang) nu dijieun nembè teras gulir ka Katuhu :z klik Option > Place New > Macro Asupkeun ngaran Macro, misalna BBAutoText. Saterasna Urang disuguhan kolom kosong, tah Eusian ku Karakter BB atanapi tulisan nu biasa digunakeun dina SMS sangkan kahareupna urang tiasa gancang ngasupkeun tulisan èta. mis: Assalamu'alaikum.
- Kanggo cara ngagunakeun na teu kedah bingung :p Saupami nuju dina Teks Editor sapertos SMS jeung sajabana, teras pencèt tombol panggil kanggo muka Best Menu, pilih Macro nu nembè diJieun tèa (BBAutoText). Klik. Langsung Autotext ogè muncul. :o dina Teks editor èta.. Siga copy Paste deui lah :r
aeh, hilap.. Panjang teuing ah... Cangkeul.. Mangga ieu BestMenu V1.0 Cracked aya BB AutoText na ogè, kantun Copy Paste ka Macro-macro anyar na :)

download



Reaksi:

10 komentar:

Yusup Laskar Said.
assalamu alaikum , kuringmah badé nyamak wé ah,,, assalamu alaikum , kuringmah badé nyamak wé ah,,,
Ada Ilham Said.
Wah udh kyk blekberi hpnya kang elang.. Buat hpq gmn ya kang? *garuk kepala*
mad72 Said.
aduh gening ay best menu og. bade tumaros ah, naha nya kang mun misalkeun di anggo di text editor sms atw operamini sok aya peringatan "best menu sudah digunakan". Kitu cenah kang!!
padahal best menu teh karek dibuka can dipake nanaon, jadinateh sok pusing makena oge soalna karek ge 10 krakter jol eureun. Kunaon kira-kira nya kang 
Elang84 Said.
@kang Ilham Zone itu juga baru katanya kang.. Sy ga tau bb tuh kaya gimana

@kang Mad72, aduh,simkuring oge nembèan kana Bmenu mah, kin digentos wae karakter na kang.. Atanapi cobian teras. Kamari kantos kitu. Dicobian deui mah tiasa (=^.^= )
Ada Ilham Said.
Bedak Bayi Kali kang...
SeMut Said.
Mantap ni kayaknya kang ijin nyoba dluMantap ni kayaknya kang ijin nyoba dlu
Elang84 Said.
@ ws.. kang Musick Gallery, kang SeMut , silakan dicoba.. Wah kirain udah pada pake
cenom Said.
pami aplikasi sedang digunakan mah eta bug na bmenu kang, cobian geura font na gentos versi 75 diandroid mah pada muji kang... ˚°º=DĥëëUĥëëUyy:pº°˚
Agusductank Said.
orang2 pada ijin nyoba,, kapan giliran hpq biar bs kren jg,, hehe
jd geleng2 kepala
Elang84 Said.
@tah geningan aya bongbolongan ti kang cenom , leres pisan kang, mung dicobi sakali deui mah lebet mantep kang..!!!

@kang agusductank waduh..padahal hape ku juga pinjem dari tetangga kang
 
powered by blogger.com and maxwidth simple build 0.02 mobile template