permalink 1/29/2011 |
![]() ![]() |
Ngawitan simkuring nga-Blog.
Sampurasun, Ngiring aub
Neda dikeclakan
Ku Cikaracak ka Sundaan
Sugan teu tuhur ku katiga
Henteu keri ku gogoda
Golontor cai rasa
Kana wahangan seni
Anu wening sarta suci
Kokojayan bari teuteuleuman
Dina leuwi kabudayaan
Silih simbeuh silih cebor
Ku kabinangkitan
Lebar bener mun sastra Sunda teh musna
Tangkal budaya ngarangrang
Jadi ciri kurang pangraksa
ti Para mitra
Putra Sunda

Di awal oge simkuring parantos nguningakeun, yen pamaksadan ngadamel situs teh mung kanggo milari pangalaman, elmu, sarta kanggo ngaraketkeun silaturahmi...
elang84.Blog oge nya kitu tea ari pamaksadan na mah..
Saha ari Simkuring??? :)
Tos katelah na mah ELANG, sanajan eta mah ngaran Kanyaah kuring kanu jadi Anak :L , kawit Simkuring ti Sumedang. Pas na mah di daerah Jatinangor atanapi Caket oge ka Rancaekek. Rumasa sanajan hirup deukeut jeung tempat nyiar elmu anu luhur (Kampus paragi kuliah) tapi kuring can pernah nincak bangku Kuliah (upami Kuli-ah mah eukeur). Malahan ngajaran ngadahar bangku Es-De oge can pernah :O :D .
Hapunten saupami dina eusi ieu Blog seueur kakirangan. Da asli na mah Simkuring mah tukang Heureuy, tapi sok embung lamun diHeureuyan batur mah :O
Sumangga nyanggakeun naon bae nu baris dipedar didieu, nu manfaatna mangga candak, atuh kanggo nu kirang sae na mah simkuring neda panghapunten, kanggo saran atanapi kritik mangga serat di kotak komentar...
Kontak mah ka Facebook Simkuring Facebook nu Ieu atanapi Facebook Kuring nu Ieu :z
Hatur nuhun...
- Sasakala Kakalayangan Ngalalana na Alam Maya
- Nampi Award ka Lima, sakantenan Ngabagi Opera Mini Spongebob s60v3
- Nampi Sakantenan Ngabagi-bagi Award Blog
- Hatur nuhun Simkuring kanggo Duduluran sareng Baraya Blog
- Nyobian ''WhatsApp'' BBM-an sapertos BlackBerry nganggo Handphone Symbian
- Ngawitan simkuring nga-Blog.
- Daftar Eusi Blog
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
0 komentar:
Posting Komentar