Tampilkan postingan dengan label gratisan. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label gratisan. Tampilkan semua postingan
share:
10/18/2011 |
elang84
No comments
|
Opera Mini 6.1 s60v3 free Telkomsel [masih aktif di jalur standar]
Sakedik Informasi kanggo pangguna satia Telkamprèt husus na nu nganggo Jalur Gratisan, dikawit tadi (14/10) kinten-kinten tabuh satu (tengah wengi) Jalur Gratisan sadayana Macèt Total ( co.id ) :( .
Sakitu pengumuman ti Simkuring... Wassalam... :p

Eits...!!! Gratisan na kumaha atuuuuh ayeunaaaaa???? :k :v :o
Wayahna cocok teu cocok ayeuna mah pakè heula Opera Mini Java Telkomsel Oktober 2011 nu kamari.
Bari ngantos Jalur ènggal ( mudah-mudahan aya ) kanggo Pangguna Symbian taya lepat na nyobian Salah sahiji koleksi OpMin sis 6.1 simkuring nu saleresna tos lami di simpen. Kumargi kamari mah aya Jalur sakti, janten nu di anggo OpSis nu nganggo jalur Sakti èta.
Tah, ayeuna mah tos waktos na kaluar meureun... :O Opera Mini 6.1 s60v3 nu Husus kanggo Gratisan Telkomsel. Kalayan di selipan skin Full Collor ti Bang Roy Symbianerz, pastina langkung mèncrang :L
Nyanggakeun....

Atanapi nu ieu...

* Sambungkeun nganggo Jalur Standar Telkomsel, saupami karaos lami dina pamasangan / ngawitan nyambung, pegatkeun heula sambungan internet atanapi kaluar heula dina aplikasi teras cobian deui...*
share:
10/17/2011 |
elang84
No comments
|
Oupeng Browser s60v3 [Free Telkomsel Update Oktober 2011]
Berhubung si Kamprèt kudu waè makè jalur Standar, simkuring nyobi deui ngèdit Aplikasi Browser nu tos aya... Hiji deui yeuh kanggo Oupeng Browser na, masih Gratis di Jalur Standar Telkomsel.

Mangga Nyanggakeun...
Oupeng Browser 6.1 Clone
Skin Blue Sonic
Jalur Standar Telkomsel
Symbian s60v3

:s :s :s
share:
10/08/2011 |
elang84
No comments
|
Opera Mini 6.1 [java] Bèda Rasa ( free Telkomsel - Oktober 2011 )

Bilih masih kènèh aya Baraya simkuring (husus na nu nganggo telkamprèt) nu masih tekor pulsa na lantaran resep internètan, kanggo sasih Oktober 2011 ieu simkuring aya sababaraha Opera Mini 6.1 (java) nu tiasa diAnggo internètan bari teu motong pulsa (Haratissss...!!! ;) ).
Saleresna nu Opera Mini Telkomsel edisi Agustus - September 2011 kamari ogè masih tiasa Haratis, tapi di sababaraha daèrah tos karaos ngarayap siga kuya :O , numawi èta Simkuring nyobi deui ngacak-ngacak Opmin 6.1 ieu nu mudah-mudahan tiasa langkung saè ti nu kamari...
Sambungan Jalur Akses na masih tiasa nganggo Jalur Standar bawaan Telkomsel ( teu kedah ngatur jalur ), tapi simkuring nyarankeun husus na kanggo Nokia Java s40 kedah ngagunakeun Jalur anyar. FileProv na tiasa di candak Di Palih Dieu.
Nyanggakeun Opera Mini 6.1 Kamprèt na...
* Aèh hilap.. Opera Mini ieu aya sababaraha warna pilihan :D Tiap Warna Ngagaduhan Rasa nu bèda !!! Dina Tiap Rasa Ngagaduhan Set Proxy nu bèda ogè. :z
Mangga DiPiliiiih.... Dipiliiihh... Dipiliiiiihh....!!!! :r :r :r





Bonus : Opera Mini 4.2 bahasa Sunda free Telkomsel dina rasa Durèn :)

Laporan atanapi patarosan mangga urang guar dina komentar.., ;)
share:
10/03/2011 |
elang84
No comments
|
Opera Mini 4.2 mod | Full Color All Operator Trick
Saparantos di cobian, nganggo pangaturan kanggo si Kamprèt alhamdulillah gening tiasa ogè Haratis :L , katambih deui ieu OpMin lengkep pisan, sababaraha fitur anu aya dina ieu Opmin kirang-langkung sapertos Tiasa ngarobah Skin sakahoyong Urang, Ngatur Proxy URL (kanggo gratisan), Manager File, jeung sajaba na. Cobian wè Obrak-abrik naon waè nu aya dina Opmin ieu... :p
Panasaran nu kumaha OpMin 4.2 full Color all Operator ieu tèh? :z mangga cocodot,, aèh Cekidot :O

Sababaraha conto tampilan na.

Pangaturan warna skin, tiasa ngadamel nyalira atanapi di import dina file.col nu tos kasimpen ( aya sababaraha conto skin nu kantun di import tos dilebetkeun dina file donload di handap)
:L

Tah, ieu nu inti na mah... Sanajan simkuring ngarobih kanggo Telkomsel, Baraya nu nganggo salian Telkomsel tiasa ngagunakeun OpMin ieu sacara gratis internet na. Kantun lebet kana Pangaturan Network, didinya disayogikeun kanggo pangaturan Proxy URL (minangka handler na). Dicobi nganggo Telkomsel mah kantun nganggo ogè teu nanaon.
APN: AHA
Proxy : 008.008.008.008 atanapi 8.8.4.4
Port: 8000
beuh... Gampil tur nyèrèpèt ogè lur... :L
Opera Mini 4.2 Full collor All Operator

Hatur nuhun : Roy Symbianerz Fmt.
agaduhan Fitur kumplit pisan. Kawitna ieu Opmin di atur kanggo SC Globe, saur na hoyong pangrobihkeun sangkan Gratis dianggo kanggo Telkomsel.
Saparantos di cobian, nganggo pangaturan kanggo si Kamprèt alhamdulillah gening tiasa ogè Haratis :L , katambih deui ieu OpMin lengkep pisan, sababaraha fitur anu aya dina ieu Opmin kirang-langkung sapertos Tiasa ngarobah Skin sakahoyong Urang, Ngatur Proxy URL (kanggo gratisan), Manager File, jeung sajaba na. Cobian wè Obrak-abrik naon waè nu aya dina Opmin ieu... :p
Panasaran nu kumaha OpMin 4.2 full Color all Operator ieu tèh? :z mangga cocodot,, aèh Cekidot :O

Sababaraha conto tampilan na.

Pangaturan warna skin, tiasa ngadamel nyalira atanapi di import dina file.col nu tos kasimpen ( aya sababaraha conto skin nu kantun di import tos dilebetkeun dina file donload di handap)
:L

Tah, ieu nu inti na mah... Sanajan simkuring ngarobih kanggo Telkomsel, Baraya nu nganggo salian Telkomsel tiasa ngagunakeun OpMin ieu sacara gratis internet na. Kantun lebet kana Pangaturan Network, didinya disayogikeun kanggo pangaturan Proxy URL (minangka handler na). Dicobi nganggo Telkomsel mah kantun nganggo ogè teu nanaon.
APN: AHA
Proxy : 008.008.008.008 atanapi 8.8.4.4
Port: 8000
beuh... Gampil tur nyèrèpèt ogè lur... :L
Opera Mini 4.2 Full collor All Operator

Hatur nuhun : Roy Symbianerz Fmt.
share:
9/23/2011 |
elang84
No comments
|
Opera Mini [java] kanggo Gratisan XL
Nyambat heula ka para Master Gretongan... Simkuring neda panghapunten tos kumawantun ngabagi-bagi cara Internet Gratis deui yeuh... Ayeuna Kanggo XL, pèdah wè kamari aya sobat simkuring nu satia ka Neng Luna :r hoyong gratisan kawas batur cenah... Nya milarian simkuring ogè kaditu-kadieu ( kumargi sumber na seueur janten hilap ieu trik dimana asalna ). Kanggo Para Master Gretongan nu kantos medar ieu trik simkuring Ngahaturkeun nuhun, hapunten teu di rincikeun kumargi ampir sadaya na nunjuk kana Pangaturan Jalur Akses nu diAduk sareng Pangaturan Opera Mini Handler na.

Langsung baè atuh kanggo Pangguna XL bilih badè nyobian mah... tiasa di Undeur di handap, tos di pak sareng cara Ngatur Jalur Akses + File Prov na ogè kanggo Java s40. (ènggalan ah, bilih kabujeng pareum :D )
Opera Mini 4.2 XL Opera Mini 5.1 XL Opera Mini 5.1 TransBG XL Opera Mini 6.1 Turbo XL Opera Mini 6.1 Turbo TransBG XL
* Sangkan Aman Gratisan, usahakeun Pulsa Minim...!!! Utamina saupami badè donlod file ageung.. :z
Langganan:
Postingan (Atom)


elang84
